Tadi isuk2 kuring maca Tribun Jarbar, cenah aya saurang tantara nu kungsi NYABOK SEOHARTO. Sang Tantara teh lain urang Sunda, tapi hirup jeung karirna di Tatar Sunda, oge makamna aya di Tatar Sunda, nyaeta di Makam Pahlawan Cikutra Bandung. Sang Tantara teh KOL. PURN ALEX KAWILARANG, urut Pangdam Siliwangi jeung nu ngadegkeun pasukan Komando TNI, nu ayeuna disebut Kopasus. Kopasus tadina pasukan khusus di Siliwangi.
ALex Kawilarang nyabok Soeharto, kulantaran ambek pisan, sabab pasukan KNIL (pasukan walanda) ngaduduki kota Makasar nu dijaga ku pasukan nu dipimpin ku Soeharto. Pasukan Soeharto malah nyalametkeun diri lalumpatan ka lapangan terbang. Kanggo komplit wartana, mangga klik wae: http://www.tribunjabar.co.id/read/artikel/12508/tak-banyak-yang-tahu-alex-kawilarang --- In [email protected], indriani suryadi <indriani_sury...@...> wrote: > > tah matak loba pi PR reunana dina peradilan indonesia teh, tapi masih keuneh > bingung di mimitian timana heula atuh ngarubah ka'ayaan ayeuna nu geus runcat > rancet. matak kaluar eta solusi dana nu leuwih gede sangkan bisa ngabeuneran > kajaksaan nu ayeuna. (UUD ujung ujung duit....) > tapi da MA ayeuna ge sigaan geus lumayan boga kawani walau masih kirang > gregetnamah. > ah eta mah titingalian simkuring salaku pangamat politisi amatir > Â > (wey sundana geus keren tur rada kasar ayeunamah....hasil training baraya > kusnet)

