Lain nek nyaritakeun "bibit" nu remen diberitakeun na tipi, ieu mah nek 
nyaritakeun kecap bibit dina basa sunda kadang sok loba hartina. Beda harti 
beda oge ngalarapkeunana. Contona bibit anu hartina binih, bisa pikeun 
tatangkalan, tutuwuhan atawa pikeun lauk. Ngan kahade harti bibit jang lauk mah 
bisa dua harti, bisa jang anakna oge jang indungna. Mun aya kecap panyarek 
model kieu meureun rada bingung jeung kudu ditegeskeun deui "Kade ulah diala 
bibitna mah lauk teh!" naha kecap panyarek eta nyarek ngala anakna atawa 
indungna?

Kecap bibit sok dihartikeun oge "biang" mun jang gula atawa minyak seungit. 
Lamun ditambah kecap "buit" dihareupna jadi bibit buit nu hartina asal muasal. 
Mun dikorehan deui mah meureun loba keneh kecap nu samodel kitu.

Lamun kecap bibit, "i" na diganti ku "a" jadi babat, terus make kecap soto 
ditukangna atawa make kecap goreng kekeb dihareupna, tah eta mah kasedep uing!

cag!

Kirim email ke