kaleresan si kuring ge nuju kurah-koreh kana babasan & paribasa. asalna basa lisan, tos aya upaya ngabukukeun eta babasan & paribasa, diantarana,
Saratus babasan & paribasa sunda, yasana Mas Natawisastra, 1979, Saratus Paribasa Jeung Babasan III, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan ajip rosidi, babasan & paribasa, kabeungharan basa sunda, kiblat buku utama aya deui dina buku Peperenian Urang Sunda, kiblat buku utama, yasana kang Taufik Rachmat Hidayat, spk umumna mun diterjemahkeun ka b nasional & inggris, kieu: babasan = ungkapan,, ekpression/phrase paribasa =peribahasa, proverbs tamiang,asana jenis awi, awi tamiang, di aceh aya ngaran lembur aceh tamiang, meureun jenis awi nu leutik. spesies, jsb aya di http://www.bamboos.com.au/ornamental-bamboo/tamiang/ awi nu biasa jadi pageur, diurus, terus meulit ka bitis sorangan, meureun nu rada ngaharib-harib kana paribasa eta, sanajan teu persis, siga senjata makan tuan. > Sono yeuh,hoyng dijar basa Sunda, utamana mah dina perkara babasan > (peribahasa) jeung kecap "ungkapan" (naon sundana?) > Upama nitenan warta kiwari anu jadi bahan obrolan "sabiwir hiji", nyaeta > perkara pulisi vs KPK. > Naon anu karandapan/kaalaman ku pulisi ayeuna, upama dina basa Indonesia > mah meureun paribasana teh "siapa yang menabur angin akan menuai badai" > bari jeung diimplik-implikan, "RASAIN LU!." > > Tapi dina basa sunda aya babasaan anu unina kieu "tamiang meulit ka > bitis", terus implik-implikanana teh kieu "HAG SIAH!." > Cikan aya nu terang heunteu, falsafah babasaan eta, naon pakaitna tamiang > jeung bitis. > Mangga diantos ah pedaranana. > > Baktos, > > mrachmatrawyani > > > > >

