Leres ari awi tamiang teh awi anu antawis bukuna panjang..lempeng..buleud..leres sok siangge sumpit, suling sareng bangsing..Tah lamun bitis urang tepi kabeulit ku Tamiang..nya kacida teuing...hartosna meureun boloho..kurang ati2 ..anu teu disangka2 baal kajantenan pek teh kajantenan..atawa urang meuereun tolse pisan.dugi katiasa kabeulit bitis kutamiang....
On 11/12/09, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote: > > > > tamiang mah paranti kuring baheula ngala simeut. muhun tamiang teh > sarupaning awi, diameterna leutik, kuring can kungsi manggih nu leuwih gede > ti 2 cm, istimewana deui bukuna lalaer, alus keur dipake nyieun sumpit (lain > paranti ngoeran emih ieu mah). > > tah kulantaran eta pisan keur budak mah remen asruk-asrukan ka kebon awi > ngala tamiang pisumpiteun keur ngala simeut. ukur demi heureuy demi > senang-senang. ukur reresepan, resep mun nimu tamiang nu lantas, antara buku > panjang pisan jeung lempeng. resep ngarautan awi pipasereun, resep > ngabuntel-buntel kapuk kana tungtung paser, resep apruk-aprukan ngajajah > huma atawa pihumaeun batur, resep mun si paser milepasna lempeng. resep mun > manggih simeut dage, terus dikeker make sumpit. urusan beunang henteuna > simeut mah nomer kasaanu... > > kuring ge kungsi nyieun suling jeung pepelokan make tamiang. > > ah jadi hayang balik deui ka budak, waas > > heuheu.... ari tamiang meulit ka bitis duka tah kumaha dongengna.... > > 2009/11/12 mang jamal <[email protected]> > >> >> >> >> kaleresan si kuring ge nuju kurah-koreh kana babasan & paribasa. asalna >> basa lisan, tos aya upaya ngabukukeun eta babasan & paribasa, diantarana, >> >> Saratus babasan & paribasa sunda, yasana Mas Natawisastra, 1979, Saratus >> Paribasa Jeung Babasan III, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan >> >> ajip rosidi, babasan & paribasa, kabeungharan basa sunda, kiblat buku >> utama >> aya deui dina buku Peperenian Urang Sunda, kiblat buku utama, yasana kang >> Taufik Rachmat Hidayat, spk >> >> umumna mun diterjemahkeun ka b nasional & inggris, kieu: >> >> babasan = ungkapan,, ekpression/phrase >> paribasa =peribahasa, proverbs >> >> tamiang,asana jenis awi, awi tamiang, di aceh aya ngaran lembur aceh >> tamiang, meureun jenis awi nu leutik. spesies, jsb aya di >> >> http://www.bamboos.com.au/ornamental-bamboo/tamiang/ >> >> awi nu biasa jadi pageur, diurus, terus meulit ka bitis sorangan, meureun >> nu rada ngaharib-harib kana paribasa eta, sanajan teu persis, siga senjata >> makan tuan. >> >> > Sono yeuh,hoyng dijar basa Sunda, utamana mah dina perkara babasan >> >> > (peribahasa) jeung kecap "ungkapan" (naon sundana?) >> > Upama nitenan warta kiwari anu jadi bahan obrolan "sabiwir hiji", nyaeta >> > perkara pulisi vs KPK. >> > Naon anu karandapan/kaalaman ku pulisi ayeuna, upama dina basa Indonesia >> > mah meureun paribasana teh "siapa yang menabur angin akan menuai badai" >> > bari jeung diimplik-implikan, "RASAIN LU!." >> > >> > Tapi dina basa sunda aya babasaan anu unina kieu "tamiang meulit ka >> > bitis", terus implik-implikanana teh kieu "HAG SIAH!." >> > Cikan aya nu terang heunteu, falsafah babasaan eta, naon pakaitna >> tamiang >> > jeung bitis. >> > Mangga diantos ah pedaranana. >> > >> > Baktos, >> > >> > mrachmatrawyani >> > >> > >> > >> > >> > >> >> >> > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > >

