tamiang mah paranti kuring baheula ngala simeut. muhun tamiang teh
sarupaning awi, diameterna leutik, kuring can kungsi manggih nu leuwih gede
ti 2 cm, istimewana deui bukuna lalaer, alus keur dipake nyieun sumpit (lain
paranti ngoeran emih ieu mah).

tah kulantaran eta pisan keur budak mah remen asruk-asrukan ka kebon awi
ngala tamiang pisumpiteun keur ngala simeut. ukur demi heureuy demi
senang-senang. ukur reresepan, resep mun nimu tamiang nu lantas, antara buku
panjang pisan jeung lempeng. resep ngarautan awi pipasereun, resep
ngabuntel-buntel kapuk kana tungtung paser, resep apruk-aprukan ngajajah
huma atawa pihumaeun batur, resep mun si paser milepasna lempeng. resep mun
manggih simeut dage, terus dikeker make sumpit. urusan beunang henteuna
simeut mah nomer kasaanu...

kuring ge kungsi nyieun suling jeung pepelokan make tamiang.

ah jadi hayang balik deui ka budak, waas

heuheu.... ari tamiang meulit ka bitis duka tah kumaha dongengna....

2009/11/12 mang jamal <[email protected]>

>
>
>
> kaleresan si kuring ge nuju kurah-koreh kana babasan & paribasa. asalna
> basa lisan, tos aya upaya ngabukukeun eta babasan & paribasa, diantarana,
>
> Saratus babasan & paribasa sunda, yasana Mas Natawisastra, 1979, Saratus
> Paribasa Jeung Babasan III, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan
>
> ajip rosidi, babasan & paribasa, kabeungharan basa sunda, kiblat buku utama
> aya deui dina buku Peperenian Urang Sunda, kiblat buku utama, yasana kang
> Taufik Rachmat Hidayat, spk
>
> umumna mun diterjemahkeun ka b nasional & inggris, kieu:
>
> babasan = ungkapan,, ekpression/phrase
> paribasa =peribahasa, proverbs
>
> tamiang,asana jenis awi, awi tamiang, di aceh aya ngaran lembur aceh
> tamiang, meureun jenis awi nu leutik. spesies, jsb aya di
>
> http://www.bamboos.com.au/ornamental-bamboo/tamiang/
>
> awi nu biasa jadi pageur, diurus, terus meulit ka bitis sorangan, meureun
> nu rada ngaharib-harib kana paribasa eta, sanajan teu persis, siga senjata
> makan tuan.
>
> > Sono yeuh,hoyng dijar basa Sunda, utamana mah dina perkara babasan
>
> > (peribahasa) jeung kecap "ungkapan" (naon sundana?)
> > Upama nitenan warta kiwari anu jadi bahan obrolan "sabiwir hiji", nyaeta
> > perkara pulisi vs KPK.
> > Naon anu karandapan/kaalaman ku pulisi ayeuna, upama dina basa Indonesia
> > mah meureun paribasana teh "siapa yang menabur angin akan menuai badai"
> > bari jeung diimplik-implikan, "RASAIN LU!."
> >
> > Tapi dina basa sunda aya babasaan anu unina kieu "tamiang meulit ka
> > bitis", terus implik-implikanana teh kieu "HAG SIAH!."
> > Cikan aya nu terang heunteu, falsafah babasaan eta, naon pakaitna tamiang
> > jeung bitis.
> > Mangga diantos ah pedaranana.
> >
> > Baktos,
> >
> > mrachmatrawyani
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> 
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke