Enya bah, kuring panuju pisan ku fatwa siga kitu, ngan mereun kudu aya bejerbeas na (substansi tina fatwa kitu? Poin-poin atawa ayat sarat-saratna), ari wungkul adan mah nya wajar, tapi mun geus tatalepa kanu lian saperti pupujian samemeh adan, pangaosan, jrrd salian ti adan, cukup we ku sepeker jero, gunakeun asas manfaat tea da mereun kudu loba tinimangan, sanajan enya ceuk maranehna hade, can tangtu mereun kanu keur nyeri huntu nyanyautan atawa ka nu gawe shift nu keur istirahat jrrd, cukup we ku adan wungkul keur netelakeun yen waktu salat geus datang, dijamin ari anu ieumah moal nepikeun ka jadi rame, mun teamah masih keneh aya nu protes kana adan asa harianeun perelu ditanyakeun kaislamanana.
Si kuring kungsi kukulamprengan diwewengkon saudi, enya sakumaha dina eta warta, aya sabagean anu satuhu kana aturan moral nyaeta cukup adan wungkul (pleus iqamah) nu dikaluarkeun sorana, tapi oge teu saeutik anu ngabandel, adan, iqamah jeung shalatna make sepeker eta-eta keneh, ngan aya mendingna ketah nyaeta salian ti tilu eta eweuh deui acara2 sejen nu diasupkeun kana sepeker luar da memang eweuh deuih nu ngaran pupujian jeung teu kuhanteu siga di urang diditumah. Perkara patorong2 sora sepeker, kuring pernah ngalaman hal nu pikaseurieun di Saudi, hiji mangsa kuring shalat di wewengkon dimana aya masjid nu pauntuy-untuy, aya tilu haritateh, tiap masjid ngaluarkeun sora speaker dina waktu shalat, sakumaha ilahar di Saudi masjid teh bener2 pinuh di unggal waktu shalat jeung di unggal tempat, kuring kabeneran kabagean shaf rada pangtukangna, nalika shaf kuring ruku', celengkeung aya nu nyebut "Allaaahu Akbarrr" tina speaker, atuh shaf kuring carengkat tina ruku', tapi shaf harepeun kuring mah tonggoy we ruku', sihoreng geuning shaf kuring salah ngadenge, anu nyebut takbir teh geuningan imam masjid tukangeun dimasjid kuring!!! Lain imam kuring, atuh keur khusyu' oge shalat teh aya rasa teu puguh.... Eta kajadian sababaraha kali dina hiji waktu shalat (mun teu salah kuring harita keur shalat isya), tah mereun nu kieu nu ngalantarankeun salah faham, cindekna kuring satuju mun speaker luar mah cukup weh keur adzan wungkul, atawa keur husus pangumuman wungkul nu ngan memenitan. From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: 23 Nopember 2009 20:01 To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: Fatwa MUI, hade? Di Arab Saudi ge, speaker masjid nu tarik teuing, teu meunang, malah aya nu disita, saperti dibejakeun ku koran ArabNews dihandap ieu: 43 speaker di Masjid-masjid di Baha Arab Saudi disita, da sorana "diararadu" jeung masjid sejen: Blaring speakers removed from 43 Baha mosques Arab News http://www.arabnews.com/?page=1 <http://www.arabnews.com/?page=1§ion=0&article=121899&d=26&m=4&y=2009&pi x=kingdom.jpg&category=Kingdom> §ion=0&article=121899&d=26&m=4&y=2009&pix=kingdom.jpg&category=Kingdom JEDDAH: Inspectors from the Ministry of Islamic Affairs recently removed blaring speakers from 45 mosques in the western province of Baha because they were too loud and smothered out the broadcasts of other mosques. Minister Islamic Affairs Saleh Al-Asheikh has ordered teams to inspect mosques in various parts of the Kingdom and to look for extremely powerful speakers, the Saudi Press Agency said yesterday. The inspectors instructed several imams in Madinah to make the initial summon to prayer over loudspeakers and to only use their internal speaker-systems during prayers. A ministerial survey showed that the volume of mosque speakers in the central province of Qassim was comparatively low. However, some were found with volumes higher than required and given instructions to lower them. The ministry says some mosques now have speakers that can be heard as far as five kilometers away. The result is that mosques in close proximity, especially in places where there are many, drown out each other's broadcasts. --- In [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> , Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote: > > baraya, ieu aya fatwa MUI nu menarik. dilarangna make toa di masjid jeung > musola. nu ngaluarkeun mui kalsel. > dudi __________ NOD32 4629 (20091123) Information __________ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com

