Tapi kuring mah rek moderat we perkara spiker mah ..hehehe. Aya perluna oge spiker tarik di lingkungan teh, keur ngumumkeun hal nu darurat, contona aya tatangga anu maot atawa aya bangsat kaperego. Kungsi kabejakeun aya bangsat beunang, gara-gara nu kapalingan gogorowokan dina spiker masjid.
Meureun nu perlu mah aturan nu tegas nu ngatur nu kumaha nu "gandeng" teh (kebisingan). Ukuran "gandeng" nu normal disahandapeun angka 50dB (desibel). Jadi meureun sora spiker kudu diatur ulah ngaleuwihan angka eta. Sabenerna aya aturan menteri KLH perkara gandeng ieu. Fatwa MUI atawa aturan Pemda alusna ngacu ka aturan Menteri ieu, jadi puguh angkana jeung jadi jelas saha nu ngalanggar jeung nu henteu. Ngan memang di urang mah, sakapeung sok percomah, aaturanana aya, ah jarang digugu.....noyod we kumaha aing! Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote: > > Enya bah, kuring panuju pisan ku fatwa siga kitu, ngan mereun kudu aya > bejerbeas na (substansi tina fatwa kitu?

