haturnuhun kana bantosan k'Ayi miwah m'Rahmat (?). abdi tos imel, mung anu tren200 mah failure. dongengna kieu, aya program kerjasama Auckland Uni sareng Pemda mitoha (urang bugis) kanggo PhD. tapi, mung dikaver tuition fee-na wungkul, teu sareng ongkos, biaya hidup, dll. informasi ttg Aucland mung tina sumber formal.mugi pami tos apal mah gambaran kumaha engke hirup di ditu,bade dicobi we. matak resep maca lalakon nu sarakola di luar negeri teh, rumaos abdi mah borangan, inggis ku bisi rempan ku sugan.sieun ngumbara sosoranganan, teu luas ngantunkeun si Jalu sareng bapana. tapi, nya, bade diikhtiaran we, milari PhD Komunikasi di ditu dan kembali pada kata kunci: manawi aya rezeki, heheh. hatur nuhun!
--- Pada Kam, 12/11/09, MRachmat Rawyani <[email protected]> menulis: Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]> Judul: Re: [Urang Sunda] manawi...kanggo Eli Jamilah Kepada: [email protected] Tanggal: Kamis, 12 November, 2009, 8:37 AM aya sobat kuring di NZ, namina Sony Wreksono (tren2...@yahoo. com), tos janten permanent residence. Perkawis sakola di NZ mah, anjeunna mah "manukna". Mangga wae taros, bade lebet ka sakola naon. pami teu lepat mah, taun ieu teh pamarentah NZ muka kasempetan pikeun saha wae anu bade tolab ilmi di NZ di widang bisnis teknologi informasi.Anjeunna oge anu terang, paguron luhur mana wae anu kalebet paguron "hideung" sareng paguron anu terakreditasi. baktos, mrachmatrawyani From: Ayi Jajat Nurjaman <a.jaj...@gmail. com> To: urangsu...@yahoogro ups.com Sent: Wed, November 11, 2009 3:48:02 PM Subject: Re: [Urang Sunda] manawi Aya neng eli, rerencangan sim kuring namina; Linda Nugraha, tapi anjeuna linggih di Wellington, NZ. tos lami (PR), ieu alamat emailna: popop_1...@yahoo. com, mangga we hub. saurkeun we rerencangan Zafa Noordjamand! mugia tiasa ngabantos... 2009/11/10 eli_jamilah <eli_jamilah@ yahoo.com> punten, dulur, manawi aya anu nuju ngumbara atanapi tumetep di New Zealand, khususna di Auckland... seja nikukur manawi aya rejeki bade sakola di ditu..hatur nuhunnnn Lebih Bersih, Lebih Baik, Lebih Cepat - Rasakan Yahoo! Mail baru yang Lebih Cepat hari ini! http://id.mail.yahoo.com

