RCTI tadi wengi mintonkeun acara ngenalkeun film Sang Pemimpi, karya "Miles
Production".
Film ieu teh sambunganana tina film laskar Pelangi, anu diangkat tina novel
tetralogi Andrea Hirata.
Ceuk cenah film Laskar Pelangi teh ditonton ku 4,6 juta jalma. Dikalikeun harga
karcis Rp15.000,
puguh wae atuh andrea Hirata ngadadak jadi milyader, komo deui produser filmna.
Potongan film Sang Pemimpi ditayangkeun "saencret-saencret", dimana anu boga
lalakonna dimaenkeun ku Ariel
"Peterpan", atuh ilustrasi musikna digarap jeung dinyanyikeun ku kelompok band
"GIGI" Arman Maulana. Diharepkeun film ieu
oge bakal dilalajoan ku jutaan panongton, utamana mah anu tos maca novelna.
Anu jadi kapanasaran teh, pedah wae dina sikwen film eta teh, nu boga lalakonna
di wisuda di kampus UI Depok.
Panasaran, hayang ningali kumaha ngagambarkeun "dunia kampus", naha Ariel bisa
menghayati peran salaku
mahasiswa. Da asana teh, mun teu salah mah, Ariel teh can "ngambeu" dunia
kampus. Dina gambar anu "saencret" teh
aya acara wisuda, (Ariel make atribut toga warna "biru kolot" Fakultas Tehnik,
padahal Andrea Hirata kuliahna di Fakultas Ekonomi UI, atribut togana warna
bulao) para wisudawan ngalungkeun toga ka luhur. Hiji tradisi anu patojaiyah
jeung kanyataan sabenerna. Di UI mah
tradisi sabada diwisuda, naek beca atawa naek sado/dokar/kahar/andong, atawa
naek treuk trailer, mobil pemadam kebakaran. Tapi tradisi naek beca. dokar,
treuk ngariweuhkeun lalu lintas di kampus, jadi weh dihulag.
Sabada ningali sababaraha sikwen film sang pemimpin, kuring boga kayakinan, eta
film moal pati sukses dina "nyedot" panongton, sok sanajan masang Ariel
"Peterpan". Soalna film anu ngagambarkeun romantika mangsa rumaja geus remen
dijieun. Jeung deuih ari barudak jebrog mah kalakuanana geus teu lucu heunteu
"genuine", beda jeung mangsa barudak di sakola dasar.
mrachmatrawyani
MARKETPLACE
Going Green: Your Yahoo! Groups resource for green living
________________________________
Parenting Zone: Your community resource for family and home
Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use
.