pami teu lepat Ariel teh merankeun janten Arai, sahabatna si ikal ( andrea hirata ) dina novelna mah emang Arai kuliah di fakultas tehknik.
mudah-mudahan wae film na sukses, sasukses novelna. walaupun pasti beda carita dina novel sareng dina film. ________________________________ From: MRachmat Rawyani <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tue, December 1, 2009 9:33:24 AM Subject: [Urang Sunda] Sang Pemimpi...film produksi Miles RCTI tadi wengi mintonkeun acara ngenalkeun film Sang Pemimpi, karya "Miles Production". Film ieu teh sambunganana tina film laskar Pelangi, anu diangkat tina novel tetralogi Andrea Hirata. Ceuk cenah film Laskar Pelangi teh ditonton ku 4,6 juta jalma. Dikalikeun harga karcis Rp15.000, puguh wae atuh andrea Hirata ngadadak jadi milyader, komo deui produser filmna. Potongan film Sang Pemimpi ditayangkeun "saencret-saencret" , dimana anu boga lalakonna dimaenkeun ku Ariel "Peterpan", atuh ilustrasi musikna digarap jeung dinyanyikeun ku kelompok band "GIGI" Arman Maulana. Diharepkeun film ieu oge bakal dilalajoan ku jutaan panongton, utamana mah anu tos maca novelna. Anu jadi kapanasaran teh, pedah wae dina sikwen film eta teh, nu boga lalakonna di wisuda di kampus UI Depok. Panasaran, hayang ningali kumaha ngagambarkeun "dunia kampus", naha Ariel bisa menghayati peran salaku mahasiswa. Da asana teh, mun teu salah mah, Ariel teh can "ngambeu" dunia kampus. Dina gambar anu "saencret" teh aya acara wisuda, (Ariel make atribut toga warna "biru kolot" Fakultas Tehnik, padahal Andrea Hirata kuliahna di Fakultas Ekonomi UI, atribut togana warna bulao) para wisudawan ngalungkeun toga ka luhur. Hiji tradisi anu patojaiyah jeung kanyataan sabenerna. Di UI mah tradisi sabada diwisuda, naek beca atawa naek sado/dokar/kahar/ andong, atawa naek treuk trailer, mobil pemadam kebakaran. Tapi tradisi naek beca. dokar, treuk ngariweuhkeun lalu lintas di kampus, jadi weh dihulag. Sabada ningali sababaraha sikwen film sang pemimpin, kuring boga kayakinan, eta film moal pati sukses dina "nyedot" panongton, sok sanajan masang Ariel "Peterpan". Soalna film anu ngagambarkeun romantika mangsa rumaja geus remen dijieun. Jeung deuih ari barudak jebrog mah kalakuanana geus teu lucu heunteu "genuine", beda jeung mangsa barudak di sakola dasar. mrachmatrawyani MARKETPLACE Going Green: Your Yahoo! Groups resource for green living ________________________________ Parenting Zone: Your community resource for family and home Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use .

