> Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote: > bah wly, cek babaturan kuring mah, boa-boa survei nu di jogja taun > 2002 nu nyebut 97% mahasiswi geus teu parawan tea (harita mah > iberna teh nu geus teu parawan, lain nu ngalakukeun kawin saacan > nikah) teh survei ka mahasiswa s2 cenah. nu rata-rata geus umuran > nu tangtu kamungkinan gedena geus nikah (kade nikah!). hihi
Hehehe ... komo lamun kitu mah. Tapi nu jelas mah jalma teh sok resep beja nu bombastis, kaasup bapa dokter nu pejabat. Teu mikir, kumaha lamun aya guru SMA di Bandung boga pikiran yen murid awewe di kelas manehna ngajar teh ampir satengahna teu parawan. Teu mikir oge bisa aya anggapan rumaja awewe di Bandung teh "gampangan" (da puguh 47 % tea, lain saeutik) .... Baktos, WALUYA

