Pangalaman aki
Ditempat mangkal barudak, aki Jumhana diriung ku barudaks anu rata rata 
barujangan keneh.
"Daks...dengekeun geura aki nek ngadongeng!"ceuk aki jumhana bari meneko 
sila,kusiwel ngaluar garpit sut disundut, sedot dikenyot, leg diteleg, lebar 
cenah ari diserebengkeun mah.
"Ngadongeng naon ki?" tanya Asep domba bujang cunihin anu kungsi aya affairs 
jeung domba tatangga, bangun anu panasaran.
"Ngadongeng jaman aki keur ngora, mangsa aki keur meumeujeuhna beger!"
"Heueuh sok ki, sugan we aya pulunganeun jang uing!" Ujang dower nyumangetan.

Tarang aki jumhana mimiti karijut  nginget nginget pidongengeun, pok 
ngamimitian nyarita.
"Kieu geura, harita  aki teh jomlo, kabogoh teu boga kitu deui duit teu gableg, 
paktor utamana mah paktor  "B" tea!"
"Pasti paktor beungeut nya ki!" ceuk Duloh anu kasepna ngan ukur kasep gunung, 
nyelengkeung.
"Lain B tina beungeut tapi boson euy, mun geus hayang hitut teu bisa kompromi 
deui, jangji jeguk bae, balukarna sok ditampik bae ku wanoja, malahan basa apel 
munggaran kaparengan nu nyanghareupan teh bapana, enya ari mimitina mah lancar, 
tapi pas ditanya perkara pagawean, bujur aki pipilueun ngajawab,sorana 
handaruan jeung bauna deuih matak katuralengan, kawantu basa nek indit murak 
heula bubuy boled, nya puguh aki langsung dibuburak cena kaluar!"
"Geuning ayeuna teu kadenge jugak jeguk deui, geus cageur?" tanya Berod anu 
masih ngajomlo alatan paktor "B" oge malah leuwih parna ti aki Jumhana, paktor 
"B3" manehna mah,  beungeut,boson, boke deuih.
"Ah teu pira, cageur gara gara neuleug tulak panto!"
"Oh kitu..sok ah teruskeun ki dongengna,  panasaran yeuh, naha  bisa ngagaet 
sinini anu ceuk beja baheulana geulis kawanti wanti endah kabina bina!" ceuk 
Berod tambah kumejot.
"Kieu geura, geus sagala cara ku aki dilakonan tapi ngabulasin bae, nya ahirna 
aki lah lahan ngilu tik mi ot, hiji acara kontak jodo anu diayakeun ku telepisi 
sewasta, harita pambawa acarana nu katelah Koki Sipohang, cenah mah mung ukur 
ngaran landihan bubuhan iyana pinter masak tur huntuna euweuh dua urut ngagadil 
aspal. Tah entragan aki nu ngilu tik mi ot harita, Asnaip, Emod,Suranta, 
Wihatma jeung Enco. Di tik mi ot, aki ditampik wae euy, satiap episod lampu aki 
teu weleh aya nu mareuman. Tina lima urang entragan aki aya dua urang nu 
meunang, kahiji Asnaip dipilih ku Rukiyem, eta ge bubuhan geus bobogohan 
tianggalna keneh, miluan soteh cenah hayang asup tipi jeung meh ngetop, tah nu 
kadua Enco, ngan Enco mah watir euy kabelejog, anu milih harita teh Saodah, 
enya bodina mah bahenol nerkom, basa ngenalkeun  ngaku singel, eh pas keur 
pakaleng kaleng dihareupeun podium jeung Enco, burudul teh anakna  salima lima 
daratang bilatung dulang keneh, sihoreng cenah geus tilu  kali cruk crek bae 
kawin!"
"Jadi di tik mi ot aki teu meunang wanoja?" Duloh nyelengkeung deui.
"Ngabulasin euy, tadina mah geus kumejot hayang ngaringkid wanoja ka romentik 
rum!Ah kagok edan gagal di tik mi ot, aki ngiluan deui di tik him ot, tah ieu 
mah lain wanoja nu milih tapi aki sorangan nu milih!"
"Jadi meunang sinini ti acara tik him ot kitu!" Asep domba hayang jentre.
"Heueuh eta ge make taktik heula da bisi gagal deui, ngaku gawe di pausahaan 
asing jadi minijer, disuting bari lelendean digigireun mersi, teuing mersi 
saha, da sutingna ditempat parkir umum. Pas ditayangkeun tik him ot, para 
wanoja nu jadi peserta euweuh saurang urang acan nu mareuman lampu, lain pedah 
kasemsrem ku tagogan aki tapi kasemsrem ku mersi nu katingali ngagurilap herang 
keneh. Ah geus kitu mah gampang dipilih we wanoja nu pang mencrangna, langsung 
we diringkid ka romentik rum,  ngarana Ijot, pamajikan aki ayeuna!"
"Wah mun kitu mah nini Ijot kabelejog ku aki?" tanya Ujang dower.
"Jeun teuing, tapi ari geus kapengpeongan mah euweuh basa kabelejog tah sinini 
teh, buktina awet nepi ka ayeuna heu heu...!"
"Padahal ki, mun ngaringkid lima harita teh!" ceuk Ujang dower nu katelah hawek.
"Heueuh euy harita loba peserta nu kapengpeongan ku aki, nu inget keneh aya 
Sartimah, Icih, Edoh,Ucin jeung Ocoh!"

Keur uplek ngadongeng, kalalar aya saurang nini nini, pangawakanana bodas, 
ruruntuk kageulisanana masih ngadalis, najan kitu tetep leumpangna mah geus teu 
ajeg deui. Korejat aki Jumhana cengkat,teup neuteup anteb,bet asa asa cenah asa 
pernah panggih tapi teuing dimana.

"Ke ke ieu teh Ucin?" tanya aki Jumhana asa asa.
"Piraku teu apal ka abdi, pang akang teh kang Enjum tea lin?" ceuk eta nini 
nini manehna mah apalan ka aki Jumhana.
"Sartimah kitu?"
"Sanes!"
"Icih?!"
"Beu...sanes atuh!"
"Aeh enya...karek inget Ucin nya?!"
"Tah muhun abdi Ucin, Ucin Sariningsih nu kungsi nyeri hate pedah ditolak ku 
akang!"
"Hampura Cin, padahal akang ge baheula neundeun hate ka Ucin teh ngan bati 
kumerotna we da kudu milih salasahiji. Kumaha ayeuna geus meunang jodo?"
"Puguh acan kang, masih lalagasan keneh, dijamin nyentring keneh!"
"Lakadalah peluang besar nih!" gerentes aki Jumhana, geus lat we ka nini Ijot 
mah, pamajikanana.
"Didieu mah loba barudaks, yu ah wang neangan tempat meh bebas ngobrolna!" aki 
Jumhana ngaharewos.

Ningali aki Jumhana jeung nini Ucin incah ninggalkeun maranehna, barudaks nu 
aya didinya pating corowok ngagonjak.
"Prikitiw...CLBK ni yeh!" Berod ngamimitian ngagonjak.
"Sing inget kanu diimah Ki!" Duloh nambahan
"Ssssttt......omat daks tong rea beja ka sinini!" ceuk aki Jumhana bari 
ngantelkeun curuk kana biwir.
"Wah...pasti bakal berlanjut nih, inget umur geus ekspayer ki!" Ujang dower 
pipilueun ngagonjak.
"Tong rea omong daks, umur memang geus kadaluarsa, tapi ari kahayang mah euweuh 
kadaluarsana deuleu!" tembal aki Jumhana bari ngarawel leungeun nini Ucin gap 
dicekel pageuh pisan terus leumpang pageye geye kawas panganten tas dirapalan, 
teuing nek kamarana.

Powered by kejobear®

Kirim email ke