ahahahahaha...*seuri bari gugulingan* lucu..lucu nink
________________________________ From: Kang Gde <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thu, December 10, 2009 3:30:38 PM Subject: Re: [Urang Sunda] [4S] Pangalaman aki Ha... ha.... ha..... ieu meureun tah anu disebat aki-aki tujuh mulud teh kituw .....!? Jeung sigana mah tulak panto teh ubar nyeri cangkeng ....... buktina si aki masih bisaan ... teu karasa nyeri cangkeng tah ......!!! ________________________________ lakonan pagawaean anu bisa dijalankeun poe ayeuna ......... ----- Original Message ----- >From: Sr >To: urangsu...@yahoogro ups.com >Sent: Tuesday, September 15, 2009 3:32 > AM >Subject: [Urang Sunda] [4S] Pangalaman > aki > > >Pangalaman > aki >Ditempat mangkal barudak, aki Jumhana > diriung ku barudaks anu rata rata barujangan keneh. >"Daks...dengekeun geura aki nek > ngadongeng!" ceuk aki jumhana bari meneko sila,kusiwel ngaluar garpit sut > disundut, sedot dikenyot, leg diteleg, lebar cenah ari diserebengkeun > mah. >"Ngadongeng naon ki?" tanya Asep > domba bujang cunihin anu kungsi aya affairs jeung > domba tatangga, bangun anu panasaran. >"Ngadongeng jaman aki keur ngora, mangsa > aki keur meumeujeuhna beger!" >"Heueuh sok ki, sugan we aya pulunganeun > jang uing!" Ujang dower nyumangetan. > >Tarang aki jumhana mimiti > karijut nginget nginget pidongengeun, pok ngamimitian > nyarita. >"Kieu geura, > harita aki teh jomlo, > kabogoh teu boga kitu deui duit teu gableg, paktor utamana mah paktor > "B" tea!" >"Pasti paktor beungeut nya ki!" ceuk > Duloh anu kasepna ngan ukur kasep gunung, nyelengkeung. >"Lain B tina beungeut tapi boson euy, > mun geus hayang hitut teu bisa kompromi deui, jangji jeguk bae, balukarna > sok > ditampik bae ku wanoja, malahan basa apel munggaran kaparengan nu > nyanghareupan teh bapana, enya ari mimitina mah lancar, tapi pas > ditanya perkara pagawean, bujur aki pipilueun ngajawab,sorana handaruan > jeung bauna deuih matak katuralengan, kawantu basa nek indit murak heula > bubuy boled, nya puguh aki langsung dibuburak cena > kaluar!" >"Geuning ayeuna teu kadenge jugak jeguk > deui, geus cageur?" tanya Berod anu masih ngajomlo alatan paktor "B" > oge malah leuwih parna ti aki Jumhana, paktor "B3" manehna mah, > beungeut,boson, boke deuih. >"Ah teu pira, cageur gara gara neuleug > tulak panto!" >"Oh kitu..sok ah teruskeun > ki dongengna, panasaran yeuh, naha bisa ngagaet sinini > anu ceuk beja baheulana geulis kawanti wanti endah kabina bina!" ceuk Berod > tambah kumejot. >"Kieu geura, geus sagala cara ku > aki dilakonan tapi ngabulasin bae, nya ahirna aki lah lahan ngilu > tik mi ot, hiji acara kontak jodo anu diayakeun ku telepisi sewasta, harita > pambawa acarana nu katelah Koki Sipohang, cenah mah mung ukur ngaran > landihan > bubuhan iyana pinter masak tur huntuna euweuh dua urut ngagadil aspal. > Tah entragan aki nu ngilu tik mi ot harita, Asnaip, Emod,Suranta, Wihatma > jeung Enco. Di tik mi ot, aki ditampik wae euy, satiap episod lampu aki teu > weleh aya nu mareuman. Tina lima urang entragan aki aya dua urang nu > meunang, > kahiji Asnaip dipilih ku Rukiyem, eta ge bubuhan geus bobogohan tianggalna > keneh, miluan soteh cenah hayang asup tipi jeung meh ngetop, tah nu > kadua Enco, ngan Enco mah watir euy kabelejog, anu milih > harita teh Saodah, enya bodina mah bahenol nerkom, basa > ngenalkeun ngaku singel, eh pas keur pakaleng kaleng dihareupeun > podium jeung Enco, burudul teh anakna salima lima > daratang bilatung dulang keneh, sihoreng cenah geus tilu kali cruk > crek bae kawin!" >"Jadi di tik mi ot aki teu meunang > wanoja?" Duloh nyelengkeung deui. >"Ngabulasin euy, tadina mah geus kumejot > hayang ngaringkid wanoja ka romentik rum!Ah kagok edan gagal di tik mi > ot, aki ngiluan deui di tik him ot, tah ieu mah lain wanoja nu milih tapi > aki sorangan nu milih!" >"Jadi meunang sinini ti acara tik him ot > kitu!" Asep domba hayang jentre. >"Heueuh eta ge make taktik heula da bisi > gagal deui, ngaku gawe di pausahaan asing jadi minijer, disuting bari > lelendean digigireun mersi, teuing mersi saha, da sutingna ditempat > parkir umum. Pas ditayangkeun tik him ot, para wanoja nu jadi peserta > euweuh saurang urang acan nu mareuman lampu, lain pedah kasemsrem ku > tagogan aki tapi kasemsrem ku mersi nu katingali > ngagurilap herang keneh. Ah geus kitu mah gampang dipilih we wanoja > nu pang mencrangna, langsung we diringkid ka romentik rum, ngarana > Ijot, pamajikan aki ayeuna!" >"Wah mun kitu mah nini > Ijot kabelejog ku aki?" tanya Ujang dower. >"Jeun teuing, tapi ari geus > kapengpeongan mah euweuh basa kabelejog tah sinini teh, buktina awet nepi ka > ayeuna heu heu...!" >"Padahal ki, mun ngaringkid lima harita > teh!" ceuk Ujang dower nu katelah hawek. >"Heueuh euy harita loba peserta nu > kapengpeongan ku aki, nu inget keneh aya Sartimah, Icih, Edoh,Ucin jeung > Ocoh!" > >Keur uplek ngadongeng, kalalar aya > saurang nini nini, pangawakanana bodas, ruruntuk kageulisanana masih > ngadalis, > najan kitu tetep leumpangna mah geus teu ajeg deui. Korejat aki Jumhana > cengkat,teup neuteup anteb,bet asa asa cenah asa pernah panggih tapi > teuing dimana. > >"Ke ke ieu teh Ucin?" tanya aki Jumhana > asa asa. >"Piraku teu apal ka abdi, pang akang teh > kang Enjum tea lin?" ceuk eta nini nini manehna mah apalan ka aki > Jumhana. >"Sartimah kitu?" >"Sanes!" >"Icih?!" >"Beu...sanes atuh!" >"Aeh enya...karek inget Ucin > nya?!" >"Tah muhun abdi Ucin, Ucin > Sariningsih nu kungsi nyeri hate pedah ditolak ku akang!" >"Hampura Cin, padahal akang ge baheula > neundeun hate ka Ucin teh ngan bati kumerotna we da kudu milih > salasahiji. Kumaha ayeuna geus meunang jodo?" >"Puguh acan kang, masih lalagasan keneh, > dijamin nyentring keneh!" >"Lakadalah peluang besar nih!" gerentes > aki Jumhana, geus lat we ka nini Ijot mah, pamajikanana. >"Didieu mah loba barudaks, yu ah > wang neangan tempat meh bebas ngobrolna!" aki Jumhana ngaharewos. > >Ningali aki Jumhana jeung nini Ucin > incah ninggalkeun maranehna, barudaks nu aya didinya pating corowok > ngagonjak. >"Prikitiw... CLBK ni > yeh!" Berod ngamimitian ngagonjak. >"Sing inget kanu diimah Ki!" Duloh > nambahan >"Ssssttt.... ..omat daks tong rea > beja ka sinini!" ceuk aki Jumhana bari ngantelkeun curuk kana > biwir. >"Wah...pasti bakal berlanjut nih, inget > umur geus ekspayer ki!" Ujang dower pipilueun ngagonjak. >"Tong rea omong daks, umur memang geus > kadaluarsa, tapi ari kahayang mah euweuh kadaluarsana deuleu!" tembal aki > Jumhana bari ngarawel leungeun nini Ucin gap dicekel pageuh pisan terus > leumpang pageye geye kawas panganten tas dirapalan, teuing nek > kamarana. > >Powered by > kejobear®

