hahahahaha........
ubar lieur jeung tunduh geus datang euy...
hatur nuhun mang syam




________________________________
Dari: Sr <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sel, 15 September, 2009 02:32:10
Judul: [Urang Sunda] [4S] Pangalaman aki

  
Pangalaman 
aki
Ditempat mangkal barudak, aki Jumhana 
diriung ku barudaks anu rata rata barujangan keneh.
"Daks...dengekeun geura aki nek 
ngadongeng!" ceuk aki jumhana bari meneko sila,kusiwel ngaluar garpit sut 
disundut, sedot dikenyot, leg diteleg, lebar cenah ari diserebengkeun 
mah.
"Ngadongeng naon ki?" tanya Asep 
domba bujang cunihin anu kungsi aya affairs jeung domba tatangga, 
bangun anu panasaran.
"Ngadongeng jaman aki keur ngora, mangsa 
aki keur meumeujeuhna beger!"
"Heueuh sok ki, sugan we aya pulunganeun 
jang uing!" Ujang dower nyumangetan.
 
Tarang aki jumhana mimiti 
karijut  nginget nginget pidongengeun, pok ngamimitian 
nyarita.
"Kieu geura, 
harita  aki teh jomlo, kabogoh 
teu boga kitu deui duit teu gableg, paktor utamana mah paktor  "B" 
tea!"
"Pasti paktor beungeut nya ki!" ceuk Duloh 
anu kasepna ngan ukur kasep gunung, nyelengkeung.
"Lain B tina beungeut tapi boson euy, mun 
geus hayang hitut teu bisa kompromi deui, jangji jeguk bae, balukarna sok 
ditampik bae ku wanoja, malahan basa apel munggaran kaparengan nu nyanghareupan 
teh bapana, enya ari mimitina mah lancar, tapi pas ditanya 
perkara pagawean, bujur aki pipilueun ngajawab,sorana handaruan jeung bauna 
deuih matak katuralengan, kawantu basa nek indit murak heula bubuy 
boled, nya puguh aki langsung dibuburak cena kaluar!"
"Geuning ayeuna teu kadenge jugak jeguk 
deui, geus cageur?" tanya Berod anu masih ngajomlo alatan paktor "B" 
oge malah leuwih parna ti aki Jumhana, paktor "B3" manehna mah,  
beungeut,boson, boke deuih.
"Ah teu pira, cageur gara gara neuleug 
tulak panto!"
"Oh kitu..sok ah teruskeun 
ki dongengna,  panasaran yeuh, naha  bisa ngagaet sinini anu 
ceuk beja baheulana geulis kawanti wanti endah kabina bina!" ceuk Berod 
tambah kumejot.
"Kieu geura, geus sagala cara ku aki 
dilakonan tapi ngabulasin bae, nya ahirna aki lah lahan ngilu tik mi 
ot, hiji acara kontak jodo anu diayakeun ku telepisi sewasta, harita pambawa 
acarana nu katelah Koki Sipohang, cenah mah mung ukur ngaran landihan bubuhan 
iyana pinter masak tur huntuna euweuh dua urut ngagadil aspal. Tah entragan 
aki nu ngilu tik mi ot harita, Asnaip, Emod,Suranta, Wihatma jeung Enco. Di tik 
mi ot, aki ditampik wae euy, satiap episod lampu aki teu weleh aya nu mareuman. 
Tina lima urang entragan aki aya dua urang nu meunang, kahiji Asnaip dipilih ku 
Rukiyem, eta ge bubuhan geus bobogohan tianggalna keneh, miluan soteh 
cenah hayang asup tipi jeung meh ngetop, tah nu kadua Enco, ngan Enco 
mah watir euy kabelejog, anu milih harita teh Saodah, enya bodina 
mah bahenol nerkom, basa ngenalkeun  ngaku singel, eh pas keur 
pakaleng kaleng dihareupeun podium jeung Enco, burudul teh 
anakna  salima lima daratang bilatung dulang keneh, sihoreng 
cenah geus tilu  kali cruk crek bae kawin!"
"Jadi di tik mi ot aki teu meunang 
wanoja?" Duloh nyelengkeung deui.
"Ngabulasin euy, tadina mah geus kumejot 
hayang ngaringkid wanoja ka romentik rum!Ah kagok edan gagal di tik mi ot, 
aki ngiluan deui di tik him ot, tah ieu mah lain wanoja nu milih tapi aki 
sorangan nu milih!"
"Jadi meunang sinini ti acara tik him ot 
kitu!" Asep domba hayang jentre.
"Heueuh eta ge make taktik heula da bisi 
gagal deui, ngaku gawe di pausahaan asing jadi minijer, disuting bari 
lelendean digigireun mersi, teuing mersi saha, da sutingna ditempat parkir 
umum. Pas ditayangkeun tik him ot, para wanoja nu jadi peserta euweuh 
saurang urang acan nu mareuman lampu, lain pedah kasemsrem ku tagogan aki 
tapi kasemsrem ku mersi nu katingali ngagurilap herang keneh. Ah geus 
kitu mah gampang dipilih we wanoja nu pang mencrangna, langsung we 
diringkid ka romentik rum,  ngarana Ijot, pamajikan aki 
ayeuna!"
"Wah mun kitu mah nini Ijot kabelejog 
ku aki?" tanya Ujang dower.
"Jeun teuing, tapi ari geus kapengpeongan 
mah euweuh basa kabelejog tah sinini teh, buktina awet nepi ka ayeuna heu 
heu...!"
"Padahal ki, mun ngaringkid lima harita 
teh!" ceuk Ujang dower nu katelah hawek.
"Heueuh euy harita loba peserta nu 
kapengpeongan ku aki, nu inget keneh aya Sartimah, Icih, Edoh,Ucin jeung 
Ocoh!"
 
Keur uplek ngadongeng, kalalar aya saurang 
nini nini, pangawakanana bodas, ruruntuk kageulisanana masih ngadalis, najan 
kitu tetep leumpangna mah geus teu ajeg deui. Korejat aki Jumhana 
cengkat,teup neuteup anteb,bet asa asa cenah asa pernah panggih tapi teuing 
dimana.
 
"Ke ke ieu teh Ucin?" tanya aki Jumhana 
asa asa.
"Piraku teu apal ka abdi, pang akang teh 
kang Enjum tea lin?" ceuk eta nini nini manehna mah apalan ka aki 
Jumhana.
"Sartimah kitu?"
"Sanes!"
"Icih?!"
"Beu...sanes atuh!"
"Aeh enya...karek inget Ucin 
nya?!"
"Tah muhun abdi Ucin, Ucin 
Sariningsih nu kungsi nyeri hate pedah ditolak ku akang!"
"Hampura Cin, padahal akang ge baheula 
neundeun hate ka Ucin teh ngan bati kumerotna we da kudu milih salasahiji. 
Kumaha ayeuna geus meunang jodo?"
"Puguh acan kang, masih lalagasan keneh, 
dijamin nyentring keneh!"
"Lakadalah peluang besar nih!" gerentes 
aki Jumhana, geus lat we ka nini Ijot mah, pamajikanana.
"Didieu mah loba barudaks, yu ah wang 
neangan tempat meh bebas ngobrolna!" aki Jumhana ngaharewos.
 
Ningali aki Jumhana jeung nini Ucin incah 
ninggalkeun maranehna, barudaks nu aya didinya pating corowok 
ngagonjak.
"Prikitiw... CLBK ni yeh!" Berod 
ngamimitian ngagonjak.
"Sing inget kanu diimah Ki!" Duloh 
nambahan
"Ssssttt.... ..omat daks tong rea beja ka 
sinini!" ceuk aki Jumhana bari ngantelkeun curuk kana biwir.
"Wah...pasti bakal berlanjut nih, inget 
umur geus ekspayer ki!" Ujang dower pipilueun ngagonjak.
"Tong rea omong daks, umur memang geus 
kadaluarsa, tapi ari kahayang mah euweuh kadaluarsana deuleu!" tembal aki 
Jumhana bari ngarawel leungeun nini Ucin gap dicekel pageuh pisan terus 
leumpang pageye geye kawas panganten tas dirapalan, teuing nek 
kamarana.
 
Powered by kejobear®
 


      Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com

Kirim email ke