malem minggu diondang kang Rahman, kuncen milis
[email protected]. beliau urang sukabumi nu ngumbara di
walanda, persisna di wassenaar, kiduleun leiden. nikah ka urang belanda,
gaduh putra dua. nu cikal ngarana Domas, nu kadua, Kian. Domas jeung Kian
tangtu teu bireuk pikeun urang sunda. Kian ti kian santang.

saminggu katukang, jangjian panggih di perpus KITLV. lucuna, kang Rahman
geus datang di ti heula, macaan buku diuk rada mojok. si kuring datang
rada telat, terus ka meja komputer muka katalog. masing-masing we, da
ongkoh di kuring nganggap kang Rahman can datang da Wassenaar rada jauh.
keur jongjon milihan judul injeumen dina katalog di monitor (bisa ditoong,
kitlv.nl tea)
aya lalaki ngaliwat, terus silih teuteup sajongjonan. bet jorojoy memori
visual dina sirah mere isarat. nya di tanya.
"kang rahman?" tanya si kuring.
"mang jamal?"tanyanya bari semu seuri.
antukna ngobrol di luar, da di perpus mah teu meunang gandeng. ongkoh si
kuring geus hayang udud.

poe saptuna jam 2an, ka imah supervisor, prof peter nas. kabeh msiswa
sandwich-like nu supervisorna manehna diondang.dua ti itb, dua ti ugm,
jeung aya msiswa indonesian studies ti Bari, Italia, Pierpaolo di Giosa nu
lancar bahasa indonesia da kungsi diajar di universitas ahmad dahlan
yogya.

teu pati ngapalkeun peta da rencana rek na beus. sihoreng innes, batur
sandwich ti itb di leiden, dosen seni patung itb nu s3 na di arsitektur
itb, ngajak leumpang. puguh rada sasab. nanya polisi ka kantorna, si
polisi ngan ukur nunjukkeun leumpang heula ka jalan nu itu, terus tanya
deui jelema di ditu, soalna "it's complicated to explain" cenah. haha.
antukna innes nelpon  prof peter nas, nu terus ngajemput, make mobilna,
volvo. era oge, tapi peter nas ngamaklum.

judul ngondang teh, peter nas hayang nunjukkeun "imah urang walanda jeung
cara hirupna." di imahna mah, nyarita dicampuran basa indonesia. istrina
oge bisaeun basa indonesia. saeutik cenah. ari seringna mah nyarita in
english, tadina ngahargaan Pierpaulo si italia, tapi Pier nyarita, sayah
ge rada bisa   & ngarti basa indonesia cenah. nya ngobrolna teh basa
indonesia,diseling inggris mun pohoeun basa indonesia. kitu we si kuring
oge nu sejen, mun poho atawa teu nyaho basa inggrisna, make basa
indonesia. haha...cek babaturan kos, kitu teh ngan bisa di walanda cenah.
haha. utamana leiden nu aya jurusan indonesian studies, loba dosen atawa
pakar di kitlv nu bisa basa indonesia.

(bari jeung jurusan indonesian studies geus teu payu, rencana rek digabung
jeng studi asia sejena).

 beres ti imah peter nas, balik deui ka terminal leiden nu gigireun
stasiun leiden da teu aya beus nu ka wassenaar ti oetsgeest (tempat imah
prof petera nas). ti terminal naek beuskota jurusan den haag nu liwat
wassenaar. sasab deui wae, sasabna teh eureun di halteu nu beh dieu
teuing, padahal kuduna di halteu katilu ti halteu ieu. nya nelpon we kang
rahman. manehna terus ngajemput kana sapedah. haha salamet.

acara kumpul2 nu unik. pasangan nu sadayana campuran indonesia-belanda.
aya nu carogena urang indonesia, cara kang rahman oge mas tio, pendak
sareng sababaraha teteh nu urang sunda kawit ti garut & bandung nu
carogena londo. nya mugia we kulawarga masing-masing bahagia salamina.
baroga bati rata2 dua. acarana mah nya sigana sukuran renovasi imah kang
rahma tos beres.
kang rahman teh asalna kuliah basa indonesia di unpad, taun ka dua pindah
ka ui sastra belanda. s2 di leiden, pendak jeung istrina ayeuna. nya teu
mulang.

mertuana oge sumping. ngobrol saliwat. sihoreng manehna veteran KNIL PD
II.teu nyaritakeun perangna, ngan kungsi cenah jeung veteran sejenna
nganjang ka urut medan perang di pulau jawa. asana kungsi kabejakeun dina
PR, yen aya rombongan vetera knil walanda nu nganjang ka bandung jeung
"reuni" jeung urut musuhna, veteran siliwangi.

acara teh diteruskeun jalan-jalan ka scheveningen den haag. diajak ku teh
Tuti C Atmawidjaya. C ti Coelen, carogena urang walanda nu lulusan
Australia (dosenna teh Tuti basa keur s2 di australia). horeng Robert John
Coelen teh vice-president international office universitas leiden. ngan
teu kungsi kontak basa ngurus sandwich-like program, da langsung ka
profesor.

teh Tuti & Robert nganteurkeun heula barudakna, dua, istri wungkul, 13, 11
taun ka bumina, antara leiden-leiderdorp. terus ngebut ka den haag terus
ka scheveningen. teh Tuti geus jangji cenah ka babaturanana, Marina urang
Armenia. jangjian di restoran & club turki. ngasaan we udud model arab,
shisa tea.

jadi sono ka kulawarga di blackwater parongpong bandung yeuh..heuheu.
sabulan satengah deui yeuh nyaba di walanda. geus bosen sabenerna mah,
ngan da diongkosanana pikeuntilu bulan. nya tabah we...hehehe. senangna
mah 25%, 25% katirisan, 50% lieur neangan bahan pikeun disertasi tea.
haha. bosena, nya biasalah, datang ti tempat nu rada amburadul ka nu
tertib jeung rapih. haha. meuntas jalan ge asa menak di dieu mah. mobil
teh balageur, kabeh eureun heula hareupeun zebra kros. kitu deui mun keur
ngagowes sepeda, sok diheulakeun, mun teu aya lampu merah. hehe








Kirim email ke