mang ari di nagri walanda loba angkot jeung motor teu? siga di urang angkot jeung motor jadi raja jalanan...
On 12/16/09, mang jamal <[email protected]> wrote: > malem minggu diondang kang Rahman, kuncen milis > [email protected]. beliau urang sukabumi nu ngumbara di > walanda, persisna di wassenaar, kiduleun leiden. nikah ka urang belanda, > gaduh putra dua. nu cikal ngarana Domas, nu kadua, Kian. Domas jeung Kian > tangtu teu bireuk pikeun urang sunda. Kian ti kian santang. > > saminggu katukang, jangjian panggih di perpus KITLV. lucuna, kang Rahman > geus datang di ti heula, macaan buku diuk rada mojok. si kuring datang > rada telat, terus ka meja komputer muka katalog. masing-masing we, da > ongkoh di kuring nganggap kang Rahman can datang da Wassenaar rada jauh. > keur jongjon milihan judul injeumen dina katalog di monitor (bisa ditoong, > kitlv.nl tea) > aya lalaki ngaliwat, terus silih teuteup sajongjonan. bet jorojoy memori > visual dina sirah mere isarat. nya di tanya. > "kang rahman?" tanya si kuring. > "mang jamal?"tanyanya bari semu seuri. > antukna ngobrol di luar, da di perpus mah teu meunang gandeng. ongkoh si > kuring geus hayang udud. > > poe saptuna jam 2an, ka imah supervisor, prof peter nas. kabeh msiswa > sandwich-like nu supervisorna manehna diondang.dua ti itb, dua ti ugm, > jeung aya msiswa indonesian studies ti Bari, Italia, Pierpaolo di Giosa nu > lancar bahasa indonesia da kungsi diajar di universitas ahmad dahlan > yogya. > > teu pati ngapalkeun peta da rencana rek na beus. sihoreng innes, batur > sandwich ti itb di leiden, dosen seni patung itb nu s3 na di arsitektur > itb, ngajak leumpang. puguh rada sasab. nanya polisi ka kantorna, si > polisi ngan ukur nunjukkeun leumpang heula ka jalan nu itu, terus tanya > deui jelema di ditu, soalna "it's complicated to explain" cenah. haha. > antukna innes nelpon prof peter nas, nu terus ngajemput, make mobilna, > volvo. era oge, tapi peter nas ngamaklum. > > judul ngondang teh, peter nas hayang nunjukkeun "imah urang walanda jeung > cara hirupna." di imahna mah, nyarita dicampuran basa indonesia. istrina > oge bisaeun basa indonesia. saeutik cenah. ari seringna mah nyarita in > english, tadina ngahargaan Pierpaulo si italia, tapi Pier nyarita, sayah > ge rada bisa & ngarti basa indonesia cenah. nya ngobrolna teh basa > indonesia,diseling inggris mun pohoeun basa indonesia. kitu we si kuring > oge nu sejen, mun poho atawa teu nyaho basa inggrisna, make basa > indonesia. haha...cek babaturan kos, kitu teh ngan bisa di walanda cenah. > haha. utamana leiden nu aya jurusan indonesian studies, loba dosen atawa > pakar di kitlv nu bisa basa indonesia. > > (bari jeung jurusan indonesian studies geus teu payu, rencana rek digabung > jeng studi asia sejena). > > beres ti imah peter nas, balik deui ka terminal leiden nu gigireun > stasiun leiden da teu aya beus nu ka wassenaar ti oetsgeest (tempat imah > prof petera nas). ti terminal naek beuskota jurusan den haag nu liwat > wassenaar. sasab deui wae, sasabna teh eureun di halteu nu beh dieu > teuing, padahal kuduna di halteu katilu ti halteu ieu. nya nelpon we kang > rahman. manehna terus ngajemput kana sapedah. haha salamet. > > acara kumpul2 nu unik. pasangan nu sadayana campuran indonesia-belanda. > aya nu carogena urang indonesia, cara kang rahman oge mas tio, pendak > sareng sababaraha teteh nu urang sunda kawit ti garut & bandung nu > carogena londo. nya mugia we kulawarga masing-masing bahagia salamina. > baroga bati rata2 dua. acarana mah nya sigana sukuran renovasi imah kang > rahma tos beres. > kang rahman teh asalna kuliah basa indonesia di unpad, taun ka dua pindah > ka ui sastra belanda. s2 di leiden, pendak jeung istrina ayeuna. nya teu > mulang. > > mertuana oge sumping. ngobrol saliwat. sihoreng manehna veteran KNIL PD > II.teu nyaritakeun perangna, ngan kungsi cenah jeung veteran sejenna > nganjang ka urut medan perang di pulau jawa. asana kungsi kabejakeun dina > PR, yen aya rombongan vetera knil walanda nu nganjang ka bandung jeung > "reuni" jeung urut musuhna, veteran siliwangi. > > acara teh diteruskeun jalan-jalan ka scheveningen den haag. diajak ku teh > Tuti C Atmawidjaya. C ti Coelen, carogena urang walanda nu lulusan > Australia (dosenna teh Tuti basa keur s2 di australia). horeng Robert John > Coelen teh vice-president international office universitas leiden. ngan > teu kungsi kontak basa ngurus sandwich-like program, da langsung ka > profesor. > > teh Tuti & Robert nganteurkeun heula barudakna, dua, istri wungkul, 13, 11 > taun ka bumina, antara leiden-leiderdorp. terus ngebut ka den haag terus > ka scheveningen. teh Tuti geus jangji cenah ka babaturanana, Marina urang > Armenia. jangjian di restoran & club turki. ngasaan we udud model arab, > shisa tea. > > jadi sono ka kulawarga di blackwater parongpong bandung yeuh..heuheu. > sabulan satengah deui yeuh nyaba di walanda. geus bosen sabenerna mah, > ngan da diongkosanana pikeuntilu bulan. nya tabah we...hehehe. senangna > mah 25%, 25% katirisan, 50% lieur neangan bahan pikeun disertasi tea. > haha. bosena, nya biasalah, datang ti tempat nu rada amburadul ka nu > tertib jeung rapih. haha. meuntas jalan ge asa menak di dieu mah. mobil > teh balageur, kabeh eureun heula hareupeun zebra kros. kitu deui mun keur > ngagowes sepeda, sok diheulakeun, mun teu aya lampu merah. hehe > > > > > > > > > -- Jalak Banten (JB)

