Sarerea pada maphum dijaman kiwari Basa Sunda geus teu puguh alang ujurna, 
sakadaek sakahayang sorangan. Teu naon2 , da nu penting mah NGARTI jeung 
Kaharti.
Ngan.......... aya nganna. Naha teu harayang kituh Boga Basa Sunda nu BAKu ; nu 
Standard ? Nu konsisten dipake ku saha wae ? 
Ulah campur aduk teu pararuguh ?

Urang ayeuna nyaho Basa Sunda nu Baku teh aya DUA :
1. Basa Sunda loma
2. Basa Sunda nu make Undak Usuk tea

Tah nu dua diluhur aya lilinggeranana; atawa aturanana; da masing sabebas 
bebasna oge hiji Bahasa; pasti boga aturan !
Tah aturan nu ieu nu teu atawa EMBUNG ditarurut ku US jaman Kiwari !

Naha memang Basa Sunda teh ENYAAN HESE pisan !?
Atawa memang US geus ngaredul jeng MALES pisan diajak
BABASAAN anu BENER ?! Hayangna enyaan embung dibenerkeun ? Hayang sangeunahna 
bae ?
Naha enya Basa Sunda bakal sangeunahna ?

Kumaha cenah conto Basa Sunda loma ?
Nya eta Basa nu teu MEUNANG make kecap DAMANG; BUMI;
Pun RAMA; PUN Ibu; Pun Putra jsjte.

Ari nu make UUBS nya eta Basa nu KACI make damang, tuang jsjte. tapi make 
lilinggeran nu HESE !!!

Ari nyarita BASA Sunda, tapi bari jeung sangeunahna; asa maning keneh Basa 
Indonesia we atuh; da Bahasana Basajan ; teu garihal; ngeunah kadengena atawa 
macana oge.

Naha ayeuna urang SUNDA dialajar keneh BASA SUNDA teh ?
Atawa Basa Sunda memang rek MUSNA ?
Saha nu bakal miara mirosea ?

Ari kuring mah ngajakan 2we ka sarerea hayu diajar Basa Sunda deui 

Kira2 pangajak ieu dianggap salah ? Ngalieurkeun ka nu hayang ngomong Basa 
Sunda ?

Cik pek we pikiran ku sarerea.
Ari cek kuring mah memang Basa Sunda teh maning basa Loma tea we. Kade ulah 
gana2 ngagunakeun DAMANG jste. lamun teu bisa ngalarapkeunana.
Sok ti ayeuna sosialisasikeun; boh di milis boh di masyarakat Sunda umumna. Da 
enya karasa ngeunah oge basa loma teh; teu loba teuing aturan. Ngan wae ongkoh 
hayang Basa loma tapi make hayang LELEMESAN. 
Tah ieu kudu dijaga; pan basa eta nu aya UUBS teh !!!!
Lamun henteu; nyaaa eta tea Basa Sunda campur aduk tea.
Basa Sunda nu LEMES tapi teu bener tea.

NGAN !.............. ngan bae lamun geus EUWEUH deui urang Sunda nu teu nyaho 
nu mana nu BENER jeung nu teu BENER; eta mah nya kumaha dinya wae. Kuring sok 
hayang menerkeun ; lantaran nyaho aya nu teu bener.
Tapi lamun NYOBA NGalempengkeun DIANGGAP MEUNTEUN BATUR !
NYa atuh kuma dinya deui we lah.
keun we silih asah, silih asih, jeung silih asuh mah ngan UKUR jadi slogan; 
saperti memang kabiasaan urang INDONESIA sakumna.

Mari kita berbahasa SUNDA yang BEBAS Blass semau gue.


      

Kirim email ke