Ari di Bandung taun 50 an mah katelahna Roti Bangket..Rad teuas...kumargi didamel tina tipung aci..sareng endogna saeutik pisan maklum awis...Ieu roti teh sok janten gogonjakan..ku teuasna tea...sok dilandih janten bangket bangsat...(duka kunanon) .
On 12/21/09, Roro Rohmah <[email protected]> wrote: > > > [Attachment(s) <#125b022411c72eb9_TopText> from Roro Rohmah included > below] > > Jojodog Monyet > > Mun ngadenge eta kecap, lolobana jelema pasti langsung inget kana > jojodog/didingklik/korsi leutik nu dijieun tina kai paragi diuk baraya jauh > urang (pasti arembung ngaraku baraya nya? … ih, dulur mah teu beunang > dikumbah…heuheu…) Baheula basa kuring mimiti nyaho, kuat ka ngabarakatak > ngadenge eta kecap. Teu kitu kumaha? Sihoreng eta teh ngaran kadaharan, > sarupaning roti. > > Wangunna panjang, sisina aya nu pasagi aya nu satengah buleud. Kelirna > coklat da make gulana ku gula beureum. Luhurna dipurulukan wijen. Beda ti > roti biasa nu lenyed jeung hampos, Jojodog Monyet (di wewengkon Wado disebut > oge Bodeng), rada teuas jeung karasa capekeunana. Murah meriah. Jibeuh, > dahar hiji ge seubeuh. Salian ti eta, ieu roti seugitna khas nyaeta seungit > Ki Amis alias Kayu Manis. Kajaba di pilemburan siga Wado, kiwari eta roti > arang langka manggihan di tukang roti biasa, mun di Bandung paling aya di > toko roti nu rada badag jiga toko roti Merdeka. > > Diselang ku barudak nu ngahaleuangkeun lagu Tokecang di wewengkon Kampung > Sampireun Garut, ceuk presenter nu mawakeun eta acara (teu apal ngarana, > jaba karek ningali deuih) ceunah, eta roti disebut Roti Gambang. Ieu > kadaharan khas Sunda warisan ti urang Walanda nu kungsi ngajajah nagri urang > tea. Sugan MJ mendakan di ditu. > > Bieu sosorodotan, nanyakeun ka Mang Google make konci Jojodog Monyet, eweuh > pulunganeunana bin saeutik pisan inpona. Tapi ari make kecap Roti Gambang nu > disebut roti kampung tea, murudul jeung gambar-gambana. Mun maca dina > sababaraha artikel, rada bingung oge sabenerna ieu roti asli Sunda atawa > lain? sabab didinya aya nu ngaku asli Batawi? Ketang, moal pati-pati aya > ngaran Jojodog Monyet mun lain urang Sunda nu mere ngaran ka eta kadaharan. > > Ku motekarna eta presenter, Jojodog Monyet dianclomkeun kana coklat leyur, > dijejerkeun dina piring beling panjang (pirex). Dituluykeun nyieun heula > krim kiju nu dihijikeun jeung bahan-bahan lianna laju dibanjurkeun > diluhureun Jojodog Monyet. Diratakeun. Teu tinggaleun dipapaes ku keureutan > jeruk & stroberi nu sakitu ambucuyna, dipurulukan ku coklat bubuk. Jeng > jreeeeng…! geus jadi Tiramisu Jojodog Monyet... eh, Tiramisu Roti Gambang. > > > ro2 > > > > >

