Di Garut ge sabenerna mah ngaranna Bangket, biasana aya rasa jahe. "Jojodog
Monyet" mah eta ngaran heureuyna tangtuna ge.
-mh-

2009/12/21 Surtiwa <[email protected]>

>
>
> Ari di Bandung taun 50 an mah katelahna Roti Bangket..Rad teuas...kumargi
> didamel tina tipung aci..sareng endogna saeutik pisan maklum awis...Ieu roti
> teh sok janten gogonjakan..ku teuasna tea...sok dilandih janten bangket
> bangsat...(duka kunanon) .
>
> On 12/21/09, Roro Rohmah <[email protected]> wrote:
>>
>>
>>  [Attachment(s) <#125b02b28161be83_125b022411c72eb9_TopText> from Roro
>> Rohmah included below]
>>
>> Jojodog Monyet
>>
>> Mun ngadenge eta kecap, lolobana jelema pasti langsung inget kana
>> jojodog/didingklik/korsi leutik nu dijieun tina kai paragi diuk baraya jauh
>> urang (pasti arembung ngaraku baraya nya? … ih, dulur mah teu beunang
>> dikumbah…heuheu…)  Baheula basa kuring mimiti nyaho, kuat ka ngabarakatak
>> ngadenge eta kecap. Teu kitu kumaha? Sihoreng eta teh ngaran kadaharan,
>> sarupaning roti.
>>
>> Wangunna panjang, sisina aya nu pasagi aya nu satengah buleud. Kelirna
>> coklat da make gulana ku gula beureum. Luhurna dipurulukan wijen. Beda ti
>> roti biasa nu lenyed jeung hampos, Jojodog Monyet (di wewengkon Wado disebut
>> oge Bodeng), rada teuas jeung karasa capekeunana. Murah meriah. Jibeuh,
>> dahar hiji ge seubeuh. Salian ti eta, ieu roti seugitna khas nyaeta seungit
>> Ki Amis alias Kayu Manis. Kajaba di pilemburan siga Wado, kiwari eta roti
>> arang langka manggihan di tukang roti biasa, mun di Bandung paling aya di
>> toko roti nu rada badag jiga toko roti Merdeka.
>>
>> Diselang ku barudak nu ngahaleuangkeun lagu Tokecang di wewengkon Kampung
>> Sampireun Garut, ceuk presenter nu mawakeun eta acara (teu apal ngarana,
>> jaba karek ningali deuih) ceunah, eta roti disebut Roti Gambang. Ieu
>> kadaharan khas Sunda warisan ti urang Walanda nu kungsi ngajajah nagri urang
>> tea. Sugan MJ mendakan di ditu.
>>
>> Bieu sosorodotan, nanyakeun ka Mang Google make konci Jojodog Monyet,
>> eweuh pulunganeunana bin saeutik pisan inpona. Tapi ari make kecap Roti
>> Gambang nu disebut roti kampung tea, murudul jeung gambar-gambana. Mun maca
>> dina sababaraha artikel, rada bingung oge sabenerna ieu roti asli Sunda
>> atawa lain? sabab didinya aya nu ngaku asli Batawi? Ketang, moal pati-pati
>> aya ngaran Jojodog Monyet mun lain urang Sunda nu mere ngaran ka eta
>> kadaharan.
>>
>> Ku motekarna eta presenter, Jojodog Monyet dianclomkeun kana coklat leyur,
>> dijejerkeun dina piring beling panjang (pirex). Dituluykeun nyieun heula
>> krim kiju nu dihijikeun jeung bahan-bahan lianna laju dibanjurkeun
>> diluhureun Jojodog Monyet. Diratakeun. Teu tinggaleun dipapaes ku keureutan
>> jeruk & stroberi nu sakitu ambucuyna, dipurulukan ku coklat bubuk. Jeng
>> jreeeeng…! geus jadi Tiramisu Jojodog Monyet... eh, Tiramisu Roti Gambang.
>>
>>
>> ro2
>>
>>
>>
>>
>
>
> 

Kirim email ke