Jojodog Monyet Mun ngadenge eta kecap, lolobana jelema pasti langsung inget kana jojodog/didingklik/korsi leutik nu dijieun tina kai paragi diuk baraya jauh urang (pasti arembung ngaraku baraya nya? * ih, dulur mah teu beunang dikumbah*heuheu*) Baheula basa kuring mimiti nyaho, kuat ka ngabarakatak ngadenge eta kecap. Teu kitu kumaha? Sihoreng eta teh ngaran kadaharan, sarupaning roti.
Wangunna panjang, sisina aya nu pasagi aya nu satengah buleud. Kelirna coklat da make gulana ku gula beureum. Luhurna dipurulukan wijen. Beda ti roti biasa nu lenyed jeung hampos, Jojodog Monyet (di wewengkon Wado disebut oge Bodeng), rada teuas jeung karasa capekeunana. Murah meriah. Jibeuh, dahar hiji ge seubeuh. Salian ti eta, ieu roti seugitna khas nyaeta seungit Ki Amis alias Kayu Manis. Kajaba di pilemburan siga Wado, kiwari eta roti arang langka manggihan di tukang roti biasa, mun di Bandung paling aya di toko roti nu rada badag jiga toko roti Merdeka. Diselang ku barudak nu ngahaleuangkeun lagu Tokecang di wewengkon Kampung Sampireun Garut, ceuk presenter nu mawakeun eta acara (teu apal ngarana, jaba karek ningali deuih) ceunah, eta roti disebut Roti Gambang. Ieu kadaharan khas Sunda warisan ti urang Walanda nu kungsi ngajajah nagri urang tea. Sugan MJ mendakan di ditu. Bieu sosorodotan, nanyakeun ka Mang Google make konci Jojodog Monyet, eweuh pulunganeunana bin saeutik pisan inpona. Tapi ari make kecap Roti Gambang nu disebut roti kampung tea, murudul jeung gambar-gambana. Mun maca dina sababaraha artikel, rada bingung oge sabenerna ieu roti asli Sunda atawa lain? sabab didinya aya nu ngaku asli Batawi? Ketang, moal pati-pati aya ngaran Jojodog Monyet mun lain urang Sunda nu mere ngaran ka eta kadaharan. Ku motekarna eta presenter, Jojodog Monyet dianclomkeun kana coklat leyur, dijejerkeun dina piring beling panjang (pirex). Dituluykeun nyieun heula krim kiju nu dihijikeun jeung bahan-bahan lianna laju dibanjurkeun diluhureun Jojodog Monyet. Diratakeun. Teu tinggaleun dipapaes ku keureutan jeruk & stroberi nu sakitu ambucuyna, dipurulukan ku coklat bubuk. Jeng jreeeeng*! geus jadi Tiramisu Jojodog Monyet... eh, Tiramisu Roti Gambang. ro2

