Janten emut pas taun 1969 dikenalkeun ka salah sahiji Manjer Lapangan
Pertamina ti Papua (Unit V harita...) manehna nyodorkeun leungeun sopan
pisan bari nyebat namina " Oray...". sayah kasima ti batan spontan males
pangenalan dirina kalahka kabesekan...bari jeung nahan seuri..sataker kebek.
Saparantos nguasaan diri.. nya nyambut sasalaman maanehna bari nyebat
"Surtiwa...." bari rada ngahuleng. Biasana sayah sok spontan untung teu di
waler ""Kadut.."...

On 12/22/09, Waluya <waluya2...@yahoo.co.id> wrote:
>
>
>
> Minggu kamari kuring tas ti Balikpapan, biasa digawe dilapangan papanasan.
> Ari digawe teh dibantuan ku sababraha urang pagawe lokal. Aya saurang pagawe
> lokal, umurna geus rada kolot, digawena kedul pisan, ngan kaleuwihanana
> beuki ngomong. Sagala diomongkeun kaasup cenah manehna kungsi ka Papua.
> Unggal istirahat, nu dicaritakeun teh ngan Papua deui, papua deui.
>
> "Dimana Pa, di Papuana?", ceuk kuring teh kesel, da ngeceblek wae.
>
> "Di Papua, di deukeut laut", cenah, yakin pisan.
>
> "Eh ditanya teh, Papua teh lega, siga Kalimantan, Bapa dimana?"
>
> Manehna ngabigeu bingung, tanaga lokal nu sejen nyararengeh seuri, da
> meureun sarua kesel, si Bapa ngocoblak wae. Sanggeus ngahuleng lila, kakara
> manehna ngomong di Sorong, cenah. Tapi manehna teu kapok, pok deui ngomong,
> sakitu nu sejen nyarengeh sinis teh.
>
> "Di Papua mah euweuh monyet!, saya teu manggihan. Nu aya urang Papua nu
> siga ....."
>
> "Stop ..stop Pa, teu meunang kitu, urang Papua oge sarua jelema", kuring
> gancangan motong, bahaya ieu jelema rada rasis.
>
> Jep weh manehna eureun ngomongna teh, era meureun ku kuring dikitukeun. Tah
> nu jadi pikiran kuring NAHA NYA DI PAPUA EUWEUH MONYET? Padahal di pulo-pulo
> sejen di Indonesia, monyet pasti aya, sanajan di Pulo leutik. Ari di Papua
> nu kaasup Pulo panggedena di Dunya bet euweuh monyet. Kira-kira kunaon nya?
> Aya hubunganana jeung teori Evolusi kitu?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke