Minggu kamari kuring tas ti Balikpapan, biasa digawe dilapangan papanasan. Ari digawe teh dibantuan ku sababraha urang pagawe lokal. Aya saurang pagawe lokal, umurna geus rada kolot, digawena kedul pisan, ngan kaleuwihanana beuki ngomong. Sagala diomongkeun kaasup cenah manehna kungsi ka Papua. Unggal istirahat, nu dicaritakeun teh ngan Papua deui, papua deui.
"Dimana Pa, di Papuana?", ceuk kuring teh kesel, da ngeceblek wae. "Di Papua, di deukeut laut", cenah, yakin pisan. "Eh ditanya teh, Papua teh lega, siga Kalimantan, Bapa dimana?" Manehna ngabigeu bingung, tanaga lokal nu sejen nyararengeh seuri, da meureun sarua kesel, si Bapa ngocoblak wae. Sanggeus ngahuleng lila, kakara manehna ngomong di Sorong, cenah. Tapi manehna teu kapok, pok deui ngomong, sakitu nu sejen nyarengeh sinis teh. "Di Papua mah euweuh monyet!, saya teu manggihan. Nu aya urang Papua nu siga ....." "Stop ..stop Pa, teu meunang kitu, urang Papua oge sarua jelema", kuring gancangan motong, bahaya ieu jelema rada rasis. Jep weh manehna eureun ngomongna teh, era meureun ku kuring dikitukeun. Tah nu jadi pikiran kuring NAHA NYA DI PAPUA EUWEUH MONYET? Padahal di pulo-pulo sejen di Indonesia, monyet pasti aya, sanajan di Pulo leutik. Ari di Papua nu kaasup Pulo panggedena di Dunya bet euweuh monyet. Kira-kira kunaon nya? Aya hubunganana jeung teori Evolusi kitu? Baktos, WALUYA

