> mh <khs...@...> wrote: > Upama noong film Denias, memang asa teu noong aya Monyetan, nu aya > teh Kuskus. Tapi cenah aya oge, monyet panjang buntutna:
Nuhun MH, infona. Geuning monyet di Papua teh monyet "imigran" nu dibawa ku tantara sekutu waktu Perang Dunya II, ayana oge ngan di Jayapura. Jadi ari aslina di Papua mah teu aya monyet. Pansaran kunaon, kuring peuting buku-buka buku , kapanggih kira-kira jawabna. Enya kira-kira, da kudu dikonfirmasi heula jeung nu ngarti geologi jeung biologi, siga kang Oman. Cenah baheula teh daratan kabeh ngahiji tapi lambatlaun mararisah. Nu pangheulana misah, daratan nu ayeuna disebut Papua jeung Australia. Akibatna fauna (sasatoan) oge milu misah. Waktu misah, ACAN AYA SATO MONYET, (bangsa PRIMATA, jelema asup ka golongan ieu). Waktu mimiti misah mah sato-satona ampir sarua, ngan lambat laun robah, ngalaman evolusi, nyaluyukeun dirina jeung lingkungan. Di mainland (daratan utama), aya sasatoan nu robah jadi Primata (bangsa monyet) sedengkeun di Papua jeung Australia sasatoan jaman baheula oge ngalaman evolusi, ngan teu robah jadi monyet, tapi jadi sato, nu lamun anakan, anakna diasupkeun kana "kantong" dina beuteungna (Marsupulia= binatang berkantong). Sato asli Australia ampir sadayana make kantong, rek eta sato herbivora (ngadahar tutuwuhan) atawa sato carnivora (nagadhar daging). Ngan aya sababraha species nu ampir sarua jeung di Asia, lamun teu salah mah KALONG jeung DINGO (anjing). Kalong jeung Dingo, lain sato asli AUstralia tapi sabenerna sato "imigran" oge. Kulantaran kalong bisa hiber, akibatna laut lain halangan keur sato nu bisa hiber. Ari Dingo? Cenah ieu anjing tadina dibawa ku manusa ti pulo-pulo nu kaasup kapuloan Sunda. Jadi dingo teh sabenerna anjing kampung di lembur urang, nu jadi anjing leuweung di Australia. Ari urang Papua jeung Aborigin timana asalna? Sarua ieu oge sabenerna "kaum pendatang" ti pulo-pulo kapuloan Sunda. Jadi, meureun ku teu ayana monyet di Papua (oge Australia), beuki nguatkeun teori evolusi ....hehehehe. Tong dianggap ah, keur ngacapruks, bongan tariiseun kieu .... Baktos, WALUYA

