week-end kamari jalan-jalan ka brussels belgia kana kareta ns hispeed. ns ti netherlands spoor. pesen tiket akhir bulan november, on line (nshispeed.nl) nambut atm-rek bank tatangga kos. 38 euro leiden-brussels pp. indit opatan jeung babaturan nu programna sarua, urang unair & undip nu s3 di ugm.
indit mah ngan dua jam satengah. ti leiden ka den haag heula ganti spur. tapi balikna ripuh. alatan sadaya jadwal kareta cenah di cancel. walah kumaha ieung. opsi aya, ngendong di hotel. hareupeun stasiun nu arstitektur awalna karya Victor Horta (tokoh desain Art Nouveau), aya, Le Meridien. wah, teu kabedag atuh. samemehna, nepi ka brussels tos disampakeun hujan salju. nya bari huhujanan salju ge-hujan garing teu jibreg cara hujan salju- maksa we jalan-jalan hayang apal brussels, bari nyimpang ka manekin pis nu cenah kasohor tea: patung budak leutik keur kiih di pojok parapatan toko. haha..kasampak loba turis nu keur ngarubung. marotoan. nya nurutan. hehe balik ka stasiun central brusel, ningali jadwal, wah, siga aya nu salah. stasiun, utamana caket bagian tiket oge di rohangan sanes, pinuh ku calon panumpang. curiga, naha rame kieu. sihoreng sadaya jadwal antar nagara dicancel, malah sabagian antar kota di belgia oge dicancel. hulang-huleng bari keukeuh ting cakakak. sangsara pisan karasana, basa ngadenge aya pengumuman, nu teu kaharti basana. ngan apal ciri basana. wah ieu basa perancis. terus basa walanda. di arep-arep basa inggris, aya sakali, tapi teu jentre-duka pedah ceuli butut listening english. dina papan jadwal nu elektronik, aya pengumuman, tapi dina france and dutch: dua basa nu dipake di belgia. badami we jeung tim piknik. rencana teh bade ngendong sapeuting di stasion central brussel belgia. siga turis backpackers. tapi tiris pisan, jaba di luar stasiun hujan salju. antukna nanya ka pulisi kareta in english. yen, coba we naek kareta ka antwerpen (posisi: kaleren brussels, ngadeuekeutan walanda. dibejakeun ka babaturan nu keur baringung. maranehna pesimis, ngabayangkeun stasion antwerpen leuwih parah, teu aya rohangan pikeun ngampihan awak tina usum tiris, jsb. nya dipaksa. antukna narurut. naek kareta ka antwerpen. ti dinya tunyu tanya. aya kareta ka roosendaal (wilayah walanda, apal teh operator hp ganti kanu biasa di walanda, lebara, di belgia mah jadi base). tapi can nepi ka roosendaal, geus kudu turun, ganti spur. apal kitu kieu, nempo bule we. da pengumuman mah teu kaharti basana. haha. sakapeung, mun panasaran pisan, sok nanya ka bule gigireun, menta diterjemahkeun ka basa inggris. sababaraha kali ganti spur, lima genep kali. hadena we loba batur, bule nu tos jalan2 oge ka brussels. soal pindah kareta nya nuturkeun bule we antukna mah. hahaha... jadi ragu rek ngulampreng ka jerman teh. ari ka paris mah, ke januari 9-12 kagok tos pesen tiket, kana beus eurolines. rencana ngendong di babaturan nu s3 di paris sorbonne. nepi ka stasiun leiden central janari alias jam 1 peuting. babaturan nganuhunkeun ka si kuring nu geus maksa maranehna milu si kuring neangan jalan balik. bakat ku atoh bisa balik, ti stasiun ka tempat kos, koningstraat (jalan raja), deukeut pisan,10 menit leumpang nyalse, tadi peuting mah make taksi merci, 10 euro. alesanana, salju di jalan salaput sapatu. haha.

