hade mang euy... pangalaman teh
jiga caritana backpacker si ikal jeung si aray
teuing tah carita dina pelemna sarua jeung dina novel teu




________________________________
Dari: mang jamal <[email protected]>
Kepada: [email protected]; [email protected]
Terkirim: Sel, 22 Desember, 2009 18:02:02
Judul: [Urang Sunda] hese balik...badai salju

  
week-end kamari jalan-jalan ka brussels belgia kana kareta ns hispeed. ns
ti netherlands spoor. pesen tiket akhir bulan november, on line
(nshispeed.nl) nambut atm-rek bank tatangga kos. 38 euro leiden-brussels
pp. indit opatan jeung babaturan nu programna sarua, urang unair & undip
nu s3 di ugm.

indit mah ngan dua jam satengah. ti leiden ka den haag heula ganti spur. 
tapi balikna ripuh. alatan sadaya jadwal kareta cenah di cancel. walah
kumaha ieung. opsi aya, ngendong di hotel. hareupeun stasiun nu
arstitektur awalna karya Victor Horta (tokoh desain Art Nouveau), aya, Le
Meridien. wah, teu kabedag atuh.

samemehna, nepi ka brussels tos disampakeun hujan salju. nya bari
huhujanan salju ge-hujan garing teu jibreg cara hujan salju- maksa we
jalan-jalan hayang apal brussels, bari nyimpang ka manekin pis nu cenah 
kasohor tea: patung budak leutik keur kiih di pojok parapatan toko.
haha..kasampak loba turis nu keur ngarubung. marotoan. nya nurutan. hehe

balik ka stasiun central brusel, ningali jadwal, wah, siga aya nu salah.
stasiun, utamana caket bagian tiket oge di rohangan sanes, pinuh ku calon
panumpang. curiga, naha rame kieu. sihoreng sadaya jadwal antar nagara
dicancel, malah sabagian antar kota di belgia oge dicancel.

hulang-huleng bari keukeuh ting cakakak. sangsara pisan karasana, basa
ngadenge  aya pengumuman, nu teu kaharti basana. ngan apal ciri basana.
wah ieu basa perancis. terus basa walanda. di arep-arep basa inggris, aya
sakali, tapi teu jentre-duka pedah ceuli butut listening english. dina
papan jadwal nu elektronik, aya pengumuman, tapi dina france and dutch:
dua basa nu dipake di belgia.

badami we jeung tim piknik. rencana teh bade ngendong sapeuting di stasion
central brussel belgia. siga turis backpackers. tapi tiris pisan, jaba di
luar stasiun hujan salju. antukna nanya ka pulisi kareta in english. yen,
coba we naek kareta ka antwerpen (posisi: kaleren brussels, ngadeuekeutan
walanda. dibejakeun ka babaturan nu keur baringung.

maranehna pesimis, ngabayangkeun stasion antwerpen leuwih parah, teu aya
rohangan pikeun ngampihan awak tina usum tiris, jsb. nya dipaksa. antukna
narurut. naek kareta ka antwerpen. ti dinya tunyu tanya. aya kareta ka
roosendaal (wilayah walanda, apal teh operator hp ganti kanu biasa di
walanda, lebara, di belgia mah jadi base). tapi can nepi ka roosendaal,
geus kudu turun, ganti spur. apal kitu kieu, nempo bule we. da pengumuman
mah teu  kaharti basana. haha. sakapeung, mun panasaran pisan, sok nanya
ka bule gigireun, menta diterjemahkeun ka basa inggris.

sababaraha kali ganti spur, lima genep kali. hadena we loba batur, bule nu
tos jalan2 oge ka brussels. soal pindah kareta nya nuturkeun bule we
antukna mah. hahaha...

jadi ragu rek ngulampreng ka jerman teh. ari ka paris mah, ke januari 9-12
kagok tos pesen tiket, kana beus eurolines. rencana ngendong di babaturan
nu s3 di paris sorbonne.

nepi ka stasiun leiden central janari alias jam 1 peuting. babaturan
nganuhunkeun ka si kuring nu geus maksa maranehna milu si kuring neangan
jalan balik. bakat ku atoh bisa balik, ti stasiun ka tempat kos,
koningstraat (jalan raja), deukeut pisan,10 menit leumpang nyalse, tadi
peuting mah make taksi merci, 10 euro. alesanana, salju di jalan salaput
sapatu. haha.


 


      Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com

Kirim email ke