Di tonggoheun sakolaan SD kuring (SDN Bayongbong I), baretomah aya sirah 
cai, tempat kaluarna cai ti gunung Cikuray. Eta sirah cai teh ngawengku 
talaga leutik. Tempat eta dingaranan "Jamban".  Bareto mah basa keur SD, 
kuring jeung babaturan sok ngadon ngojay di eta talaga.

Tapi ayeuna, eta talaga teh geus teu bisa deui dipake ngojay, sabab geus 
ditutup bangunan beton. Pipa gede pisan kaluar tina eta bangunan, teuing 
keur kamana.

Isuk, cai bakal hese ?

Kirim email ke