Teu di Bayongbong , teu dimana teu dimendi..... kawasna atawa biasana mah eta sumber cai teh geus dikawasa ku pangusaha cai dina botol atawa anu katelah cai nginum air mineral botolan. Geura sok talungtik , Insya Allah moal nyalahan. Anu tadina cai gratis keur rahayat ...( cirina, sigana aya 90% na ngaran kampung di Jawa Barat make awalan CI ).Tapi kiwari mah euweuh deui atawa ngurangan jatahna teh. Kabeh dikomersilkeun. Naha bener kitu kaayaan kieu teh sakumaha kahayang UUD pasal 33 tea. Duka tah...... cik ileng ku sararea.
Wassalam Dudi ________________________________ Dari: irpan rispandi <[email protected]> Kepada: [email protected] Cc: [email protected] Terkirim: Sen, 4 Januari, 2010 07:37:12 Judul: [Urang Sunda] Jamban, bayongbong, Garut, euweuh.... [1 Attachment] [Attachment(s) from irpan rispandi included below] Di tonggoheun sakolaan SD kuring (SDN Bayongbong I), baretomah aya sirah cai, tempat kaluarna cai ti gunung Cikuray. Eta sirah cai teh ngawengku talaga leutik. Tempat eta dingaranan "Jamban". Bareto mah basa keur SD, kuring jeung babaturan sok ngadon ngojay di eta talaga. Tapi ayeuna, eta talaga teh geus teu bisa deui dipake ngojay, sabab geus ditutup bangunan beton. Pipa gede pisan kaluar tina eta bangunan, teuing keur kamana. Isuk, cai bakal hese ? Akses email lebih cepat. Yahoo! menyarankan Anda meng-upgrade browser ke Internet Explorer 8 baru yang dioptimalkan untuk Yahoo! Dapatkan di sini! http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer

