Yaa.. gitu deh kang arif, he..he..he.. jamban baheula mah loba kebon
saladah. ayeuna mah boa siga kumaha. sedih nyaritakeunana oge.
keun lah nu melak bonteng mah moal jadi duren ieuh. tetep we bonteng.
kang_arif wrote:
wah..Jamban? pangulinan urang oge didinya
baheula keur sakola di Guntur sok ngadon ulin ka babaturan tah
di bayongbong..
lamun kabar na kitu, beu! moal bisa mandi deui atuh..
--- On *Sun, 1/3/10, irpan rispandi /<[email protected]>/* wrote:
From: irpan rispandi <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Jamban, bayongbong, Garut, euweuh.... [1
Attachment]
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Date: Sunday, January 3, 2010, 8:37 PM
Di tonggoheun sakolaan SD kuring (SDN Bayongbong I), baretomah aya
sirah
cai, tempat kaluarna cai ti gunung Cikuray. Eta sirah cai teh
ngawengku
talaga leutik. Tempat eta dingaranan "Jamban". Bareto mah basa
keur SD,
kuring jeung babaturan sok ngadon ngojay di eta talaga.
Tapi ayeuna, eta talaga teh geus teu bisa deui dipake ngojay,
sabab geus
ditutup bangunan beton. Pipa gede pisan kaluar tina eta bangunan,
teuing
keur kamana.
Isuk, cai bakal hese ?