mandi bareng jeung awewe (rek nini oge parawan) mah kaalaman ku kuring basa
keur budak nepi ka smp. baheula di lembur kuring mah susah cai, nu jadi
andelan ukur tampian umum. tapi memang enya jiga supir nu bali asli eta,
ser-seran teh ngan ukur saeutik, bakating ku biasa mah ah da era teh euweuh
we heuheu...

2010/1/12 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>

>
>
> > Surtiwa <surt...@...> wrote:
> > Di tempat ngojay Hotel...Club..pantai Kuta...
>
> Ieu mah lalakon kuring waktu survey di Bali (1981), harita teh survey di
> daerah Kabupaten Jembrana, deukeut basisir, tapi ari sare mah di Negara di
> losmen, ka lokasi tempat digawe nyewa mobil jeung supirna, urang Bali asli.
> Si Urang Bali ieu, rada bangor, ari sore-sore teh sok ngangajak mandi di
> walungan, resep cenah, bareng jeung "putri-putri" Bali nu lamun mandi teh
> baragadal we, teu era-era jeung campur awewe jeung lalaki. Teu digugu ku
> kuring mah..........eh kungsi ngilu ketang, tapi di sisi jalan we, nempokeun
> ti kajauhan, da geuning asa era ari kudu milu mandi bubulucun hareupeun
> jelema rea komo hareupeun awewe mah mah. Ari si supir mah, ngeunah we,
> sagala diporosotkeun, geus bubulucun, "dengan santainya" leumpang ka sisi
> walungan terus mandi.
>
> Nu katagihan mah batur kuring, ampir unggal sore, balik survey, ngereles
> euweuh, balik-balik geus deukeut maghrib. Ditanyakeun tas timana, ngomongna
> teh nganteur supir ka walungan bari sakalian balanja ka pasar atawa ka toko.
> Pokona mah loba alesan, padahal mah kuring oge nyaho manehna teh lalajo anu
> mandi.
>
> Hiji waktu, biasa manehna teh ngereles sore-sore teh, tapi sanggeus
> manghrib teu jol wae, kuring jeung babaturan nu sejen, kacida keselna
> nungguan.Ditungguan teh arek dahar peuting, soalna manehna anu nyekel duit.
> Sanggeus nungguan ampir satengah jam, kakara manehna teh datang, dibulen ku
> anduk, bari bibirigigan jeung awakna semu geunteul. Kuring nanya bari
> nyengor : "
> Tas timana euy, batur geus lapar kieu teh?"
>
> "Cicing, urang kabulusan yeuh", cenah, bari ngagosok-gosok anduk kana
> awakna jeung bersin sababaraha kali.
>
> "Kabulusan? mandi di walungan nya, naha make kabulusan?
>
> Terus manehna teh ngadongeng, ku kaseringan nonton nu mandi di walungan,
> jadi kabita hayang milu mandi, bareng jeung supir. Ari supir mah bubulucun
> ari manehna mah make calana jero, kakara ge ngalengkah ka sisi walungan, nu
> marandi cing cirihil terus gogorowokan "orang baru, orang baru" cenah. Si
> Supir nyarankeun eta kolor teh diporosotkeun we, supaya ulah kaciri teuing
> jelema anyar. Kapaksa diporosotkeun, langsung ngajleng ka tengah walungan,
> nyirekem ngeueum maneh, teu wani deui nangtung. Ngan orakaya anu mandi teh
> gunta-ganti, da ongkoh harita teh musim halodo, jadi loba anu mandi ka
> walungan. Si supir deuih teu ngarti, geus mandi langsung hanjat, terus
> indit, nungguan dina mobil sisi jalan. Atuh kapaksa manehna teh nyirekem aya
> kana hiji satengah jam mah ngadagoan poek, tepika kabulusanana. Geus poek
> kakara wani nangtung, ngalengkah, nyokot anduk jeung calana nu diteundeun di
> sisi walungan.
>
> "Karasa nyah!", Ceuk kuring teh, nyeungseurikeun kalakuanana.
>
> Baktos,
> WALUYA
>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke