hahaha, kang suryadi, untung lain nu ngaburayot nu kacepet palupuh teh. wah
sanasib atuh, ngaderes di tajug palupuh, tajug paragi dogong usum tarawehan.

nuhun bah sidik sareng kang suryadi. diantos nu sanesna.
-mh-

2010/1/15 <[email protected]>

>
>
> mh
> uing mah baheula ngaderes teh nganggo nu nomer 1 (di wewengkon situraja
> sumedang).
> ingeeeet wae pangalaman mimiti di ajar ngaji keur budak teh ka aki oha di
> majid anu lanteyna ku talupuh (tina awi surat tea) pas keur solat magrib
> rakaat katilu rek cengkat tas diuk tasyahud,  pingping ka cepet katupuh nepi
> ka ngoceak terus ceurik bakat ku nyeri.
> eta mah moal poho saumur-umur jigana malah sok dicaritakeun ka barudak mun
> keur ngobrol santey teh.
>
>
>
> [email protected] wrote: -----
>
> To: Ki Sunda <[email protected]>, Baraya Sunda <
> [email protected]>, Urang Sunda <[email protected]>
> From: mh <[email protected]>
> Sent by: [email protected]
> Date: 01/15/2010 08:51AM
> Subject: [Urang Sunda] Ngaderes - A-Ba-Ta?
>
>
>
>
> Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina:
> alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya
> rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya
> dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita.
>
> Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung.
> Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak
> tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif
> kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing
> teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we
> kapopohokeun.
>
> Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan
> uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu
> jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang.
>
> Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar
> ngaderes make cara nu mana, diantara ieu:
>
> 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u.
> 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u
>
> Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu:
>
> 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders.
>
> nuhun
> -mh-
>
> ===========================
> Nikmati Bulan C'RITA Flexi
> (biCara iRIt Tiga rAtus rupiah)
> Cuma Rp 300,- sepuasnya sekali bicara ke sesama
> mulai pukul 23.00-0900,
> untuk SLJJ gunakan 01017. Bicara dibawah 6 menit
> tarif tetap Rp 49/menit (Des s.d Feb '10)
> =============================
>
>
> ===============================
> Nikmati Bulan C'RITA Flexi
> (biCara iRIt Tiga rAtus rupiah)
> Cuma Rp 300,- sepuasnya sekali bicara ke sesama
> mulai pukul 23.00-09.00,
> untuk SLJJ gunakan 01017. Bicara di bawah 6 Menit
> tarif tetap Rp 49/menit (Des s.d Feb'10).
> ===============================
> This Email Has been scanned : Anti Virus
> ===============================
>
>
>
> 
>

Kirim email ke