Hehehe, nuhun AJ, enya cenah di Bogor make nu eta nya. Ari di Depok, Beji, make nu mana AJ euy? -mh-
2010/1/25 Aj Kusnet <[email protected]> > > > Ki, mun teu salah mah urang Bogor oge make fatah, kasrah, dhamah. > > AJ > > > --- On *Thu, 1/21/10, mh <[email protected]>* wrote: > > > From: mh <[email protected]> > Subject: [Urang Sunda] Re: Ngaderes - A-Ba-Ta? > > To: "Ki Sunda" <[email protected]>, "Baraya Sunda" < > [email protected]>, "Urang Sunda" <[email protected]> > Date: Thursday, January 21, 2010, 8:16 PM > > > > > Baraya, ieu hasil survey ngaderes make jurus jabar-jeer-pees jeung > fatah-kasrah- dhomah tea: > > Jigana wae sacara umum katangen, yen cara ngejah di kawasan Tatar > Sunda beda jeung cara ngejah di tatar Jawa. Urang Sunda umumna ngejah > make jurus jabar-jeer-pees, sedengkeun urang Jawa mah make jurus > fatah-kasrah- dhomah. > > Mun ngulayaban ka jagat maya, bakal kapanggih raratan jiga kieu: jurus > ngejah jabar-jeer-pees teh dipake ku jalma-jalma nu migunakeun basa > Undu. Ari basa Urdu dipake ku urang Asia kidul, jiga Pakistan jeung > India. Sedengkeun jurus ngejah fatah-kasrah- dhomah mah dipake ku jalma > nu migunakeun basa Arab, urang Asia Tengah, jiga nagara-nagara Arab > jeung sabudereunana. > > Tah kulantaran kitu, jigana wae tukang da'wah nu datang ka Tanah > Sunda, beda rombongan jeung tukang dawah ka Tanah Jawa. Nu norojol > mubus ka Tatar Sunda mah jigana asalna ti Asia Kidul. Toong geura dina > buku Rusdi-Misnem, aya sesi sodagar make kerepus nyungcung, akur jeung > kerepusna urang India atawa Pakistan. Ari nu datang ka Tanah Jawa mah > asalna meureun ti Tanah Arab. > > Enya kitu? duka teh teuing. Ka tukang sajarah, bisi uing salah, pekwe > koreksi. > -mh- > > 2010/1/15 mh <khs...@gmail. com <http://mc/compose?to=khs579%40gmail.com> > >: > > Hasil survey sementara jigana didominasi jabar-jeer-pees. Aya nu > > menarik, mucunghul dua cara ngejah sejen: no 3 jeung 4. > > > > Hasilna kieu geura: > > > > 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u > > > > mh: leuwigoong, garut > > siddik: cianjur kidul > > suryadi: situraja, sumedang > > roro: wado, garut > > jalak banten: cikupa, tanggerang > > wawan: ciwidey, bandung > > junaedi: subang; cilember-cimahi; tasik > > nana: maja, majalengka > > > > 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i – u > > > > siddik: cianjur kidul > > roro: batawi (guru jawa) > > > > 3. alif atas a, alif bawah i, alif depan u, a - i - u > > > > roro: batawi > > > > 4. alif jabar a, alif kajer i, alif kapes u: a - i - u > > > > nana: argapura, majalengka > > > > Ka baraya sejenna sok geura tambahan. > > > > Sugan pareng, isukan urang sambung naon nu kapanggih ku uing di jagat > maya. > > > > nuhun, > > -mh- > > > > 2010/1/15 mh <khs...@gmail. com<http://mc/compose?to=khs579%40gmail.com> > >: > >> Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina: > >> alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya > >> rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya > >> dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita. > >> > >> Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung. > >> Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak > >> tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif > >> kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing > >> teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we > >> kapopohokeun. > >> > >> Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan > >> uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu > >> jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang. > >> > >> Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar > >> ngaderes make cara nu mana, diantara ieu: > >> > >> 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. > >> 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u > >> > >> Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu: > >> > >> 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders. > >> > >> nuhun > >> -mh- > >> > > > > > > > >

