Baraya, ieu hasil survey ngaderes make jurus jabar-jeer-pees jeung
fatah-kasrah-dhomah tea:

Jigana wae sacara umum katangen, yen cara ngejah di kawasan Tatar
Sunda beda jeung cara ngejah di tatar Jawa. Urang Sunda umumna ngejah
make jurus jabar-jeer-pees, sedengkeun urang Jawa mah make jurus
fatah-kasrah-dhomah.

Mun ngulayaban ka jagat maya, bakal kapanggih raratan jiga kieu: jurus
ngejah jabar-jeer-pees teh dipake ku jalma-jalma nu migunakeun basa
Undu. Ari basa Urdu dipake ku urang Asia kidul, jiga Pakistan jeung
India. Sedengkeun jurus ngejah fatah-kasrah-dhomah mah dipake ku jalma
nu migunakeun basa Arab, urang Asia Tengah, jiga nagara-nagara Arab
jeung sabudereunana.

Tah kulantaran kitu, jigana wae tukang da'wah nu datang ka Tanah
Sunda, beda rombongan jeung tukang dawah ka Tanah Jawa. Nu norojol
mubus ka Tatar Sunda mah jigana asalna ti Asia Kidul. Toong geura dina
buku Rusdi-Misnem, aya sesi sodagar make kerepus nyungcung, akur jeung
kerepusna urang India atawa Pakistan. Ari nu datang ka Tanah Jawa mah
asalna meureun ti Tanah Arab.

Enya kitu? duka teh teuing. Ka tukang sajarah, bisi uing salah, pekwe koreksi.
-mh-

2010/1/15 mh <[email protected]>:
> Hasil survey sementara jigana didominasi jabar-jeer-pees. Aya nu
> menarik, mucunghul dua cara ngejah sejen: no 3 jeung 4.
>
> Hasilna kieu geura:
>
> 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u
>
> mh: leuwigoong, garut
> siddik: cianjur kidul
> suryadi: situraja, sumedang
> roro: wado, garut
> jalak banten: cikupa, tanggerang
> wawan: ciwidey, bandung
> junaedi: subang; cilember-cimahi; tasik
> nana: maja, majalengka
>
> 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i – u
>
> siddik: cianjur kidul
> roro: batawi (guru jawa)
>
> 3. alif atas a, alif bawah i, alif depan u, a - i - u
>
> roro: batawi
>
> 4. alif jabar a, alif kajer i, alif kapes u: a - i - u
>
> nana: argapura, majalengka
>
> Ka baraya sejenna sok geura tambahan.
>
> Sugan pareng, isukan urang sambung naon nu kapanggih ku uing di jagat maya.
>
> nuhun,
> -mh-
>
> 2010/1/15 mh <[email protected]>:
>> Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina:
>> alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i  - u. Teu pernah aya
>> rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya
>> dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita.
>>
>> Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung.
>> Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak
>> tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif
>> kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing
>> teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we
>> kapopohokeun.
>>
>> Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan
>> uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu
>> jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang.
>>
>> Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar
>> ngaderes make cara nu mana, diantara ieu:
>>
>> 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i  - u.
>> 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u
>>
>> Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu:
>>
>> 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders.
>>
>> nuhun
>> -mh-
>>
>

Kirim email ke