Nuhun bah Aa.
Dina kamus RA Danadibrata, kamus sunda sunda nu pangkandelna (entrina pangseueurna), kecap waas ngan dijelaskeun, rasa nu mucunghul mun urang nenjo pamandangan. Hehe. Waas eta eusina rasa. Pamandangan objekna. Tapi dina kamus Rigg, oge seratan bah AA, memang aya objek/barang sanes nu bisa nyiptakeun waas sabab aya patali jeung lalampahan nu kungsi kasorang (kenangan). jadi pamandangan teh teu ngan ukur ngahadirkeun rupa sawah gunung langit walungan, tapi terusna mah ngahadirkeun rasa sejen nu dibalukarkeun ku kaayaan alam. Bisa jadi media atawa katalis meureun nu bisa ngahadirkeun kenangan. _____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Abbas Amin Sent: Wednesday, March 10, 2010 1:14 PM To: kisunda; urangsunda Cc: ua duq Subject: [Urang Sunda] WAAS RE: tulisan MJ Mungkin sarerea US pada ngarti naon nu disebut waas teh; tapi ana kudu ngajelaskeun tangtu hesena teh, lantaran nu disebut waas teh fully emotion. Waas lain ngagambarkeun pamandangan, tapi leuwih ka na kaayaan. Kaayaan hiji kajadian nepi ka disebut waas. Definisi nu disebutkeun di na Basa Inggris sigana deukeut pisan kana HARTI eta Waas, da can puguh US oge bisa ngajelaskeun kalawan jentre nu disebut waas teh. Hartina naon ? Hartina eta Urang Inggris nu ngadefinisikeun eta kecap enyaan geus neuleuman jero pisan parasaan jeung RASA Sunda. Kitu cek kuring mah. Ayeuna urang papada nyoba ngadefinisikeun kecap WAAS tina obrolan nu biasa kacatet lamun nyebutkeun kecap WAAS. Ki Udin keur ngariung dalahar jeung anak bojona; kabeneran harita lalabna kipiit; Ki Udin ngomong bari ngosom :"Emh, sok waas inget ka ama nu tos ngantunkeun; da resep pisan ama mah kana lalab kipiit teh." Punten maca kipiit kedah : KI PI IT. ulah kipit panjang pitna. Aya deui obrolan sejenna :" Ayeuna urang keur di sisi basisir; sok waas harita keur budak keneh munggaran pisan nenjo laut, dibawa ku emang; ditutumgtun. "kade ujang, ulah deukeut teuing ka sisi basisir bisi katarik ombak; mangkaning gede ombak laut kidul mah>" kuring ngan ukur unggeuk we. Aya deui dangding : Matak waas ulin dicidampit, anu rea kacida bogona, lauk emas sarta jeler, turut sisina kampung, mancarane trus tegal sapi, terus maju beh lebak, lebah gunung datu, tinggarupay tangkal kiray, mawa beas ngaliwat ka kandang sapi, lalab jotang lameta. Ieu ngawawaas waktu keur BOTRAM di Cidampit, terus si bujangga ngarang lagu eta. Rah mangga nyanggakeun ka baraya sadaya. Eta kitu kecap waas teh.

