> "mj" <ja...@...> wrote: > Sacara iklim, di urang rada teu gaya mun make sapeda make baju > kantor, sabab baris full kesang.
Tapi MJ, Bung Karno waktu sakola make sapedah ti Ciateul ka ITB. Padahal jalanna nanjak. Sigana sanes masalah iklim, tapi leuwih kana masalah kabiasaan. Kuring waktu sakola di SMA baheula di Sumedang, make sapedah, ti lembur ka sakola di kota teh 7 km. Tapi da biasa, nya teu nanaon. Tapi ayeuna, nyobaan make sapedah 500 m wae, awak mani asa pasiksak, suku nyeri, bujur nyeri ditambahan halabhab ...hehehehe Baktos, WALUYA

