Ceuk kompas minggu kamari asana, di bandung baris dijieun jalur khusus
pikeun sapedah. Tapi karek ti jalan dago simpang nepi ka jalan hareupeun
gedong sate, jl diponegoro tea. 

Mun noong di batur, cara kota2 di walanda, jalur sapedah teh oge jalur
pikeun motor. Ngan mun di urang kitu, karunya nu make sapedah. Sabab
populasi motor rebuan kali leuwih loba batan sapedah. Ari di walanda mah
sabalikna, populasi sapedah nu leuwih loba.

Sacara iklim, di urang rada teu gaya mun make sapeda make baju kantor, sabab
baris full kesang. Jadi nu ngantor make sapeda (bike to work istilah di jkt)
marake baju kaos, calana sport, jst), beda jeung di walanda, nu marake baju
kantor atawa baju gawe biasa dina sapedah. Malah nu make jas dasi oge aya.
Heuheu. Si kuring kungsi dibonceng sapedah ku profesor ti kantorna ka KITLV,
sakitar 1,5km. beliau make jas dasi. Haha. come on, it's common in
netherlands, cenah in english. Nya masalahna common eta.

Tapi mun si kuring make sapedah ti cihideung ka pangulinan, ripuh oge
sigana. Da jalanana teu rata. Indit mudun, balik nanjak. Hahehoh teuing. Mun
rata onaman, jeung alam jalan di urang nu rame pajuliwet, teu tumaninah kana
sapedah mah

Kirim email ke