Enya nya bah. Ngan sigana jaman kusno harita mah bandung teh kota leutik nu tumaninah naek sapedah. Mobil motor teu loba ngabring pajuliwet di jalan cara ayeuna. Polusina ge masih minim, hawa masih suejuk teu siga kiwari.
Kabiasaan eta, cara cek prof peter nas, "it's common.." oge sigana nu perlu jeung kudu jadi patokan deui kucara beuki loba nu make, batur narurutan da matak sehat awak jeung saku hehe. Abdi ge jaman SMP, ti gunungcupu ka sukamulya, tempat smpn cihaurbeuti, kelas dua- kelas tilu naek sapedah. Asana 6-7km-an pp. teu pati ngesang asana. Harita dipangmeserkeun sapedah ku pun bapa pedah rada juara renking kelas haha. Sakakepung di cihideung ari pere sok sesepedahan. Ngan nyakitu, siga abah oge. Jaba jalana pan nanjak mudun. Pas tanjakan, maksa gowes, antukna tuur asa rek coplok, jantung siga rek kabur, heuheu. -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: Thursday, March 25, 2010 10:26 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: jalur sapedah di bdg > "mj" <ja...@...> wrote: > Sacara iklim, di urang rada teu gaya mun make sapeda make baju > kantor, sabab baris full kesang. Tapi MJ, Bung Karno waktu sakola make sapedah ti Ciateul ka ITB. Padahal jalanna nanjak. Sigana sanes masalah iklim, tapi leuwih kana masalah kabiasaan. Kuring waktu sakola di SMA baheula di Sumedang, make sapedah, ti lembur ka sakola di kota teh 7 km. Tapi da biasa, nya teu nanaon. Tapi ayeuna, nyobaan make sapedah 500 m wae, awak mani asa pasiksak, suku nyeri, bujur nyeri ditambahan halabhab ...hehehehe Baktos, WALUYA ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

