Diantos dongeng Korea na.
Eh mana nu leuwih kolot, antar Korea jeung Sunda nya?


2010/3/27 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Baraya,
>
> Kaparengkeun dina lalakon hirup teh si kuring bisa nyaba ka Korea sok
> sanajan ukur 4 poe kaasup di perjalanan. Nalika ieu email ditulis, si kuring
> masih di Korea, pasna di Kote Seoul, kl 5 jam kana piwaktueun hiber mulang
> deui ka Jakarta, Indonesia,
>
> Indit ka Korea teh minangkana mah anggota DelRI (Delegasi Republik
> Indonesia) dina pajemuhan IKEF (Indonesia - Korea Energy Forum) anu katilu
> anu dilaksanakeun di kota Seoul, Republik of Korea (RoK), tgl 25-26 Maret
> 2010. Sok sanajan jadi anggota leuwih loba ukur jadi "pengamat" da bubuhan
> disawang tina disiplin geologi mah naon anu keur disawalkeun
> antara DelRI jeung delegasi RoK teh kaasup bidang hilir, tapi kuring
> sabisa-bisa diajar patuh kana jadual pertemuan, alias teu luas-leos. Keur
> bidang geologi, relevansi jejer anu disawalakeun teh diantarana energi anu
> sumberna tina geotermal atawa panasbumi tea.
>
> Salila di Korea, alhamdulillah si kuring pependak sareng apih Siddik sareng
> kang Yaya. Malah apih mah dugi ka mapagkeun sagala ka airport Icheon, Korea
> (oge rencana bade ngajajapkeun dugi ka bandara deui). Ari kang Yaya mah,
> bubuhan anjeunna mah sibuk pisan ku ngawulang sareng kagiatan akademis
> sejenna, ukur tepung kamari peuting dina acara leueut sasarengan
> balakencrakan antara anggota DelRI sareng warga Indonesia di Seoul anu
> diayakeun ku Dubes Indonesia di Seoul, RoK.
>
> Sakitu heula dongeng nganjang ka nagara sejen. Sugan pareng ka hareup rek
> ngaguar sababaraha catetan pangalaman salila di Korea,
>
> salam,
> manar
>
>
>
>
>
>
> 

Kirim email ke