ngan hiji nya. Korea mah cenah teu gaduh (atanapi teu seueur) gunung. basa
di kuring nyandak tamu urang korea ka Gn Papandayan, maranehna mani
hookeun...sababaraha kali nyarios: luar biasa negara maneh teh...

Baktos
tantan

2010/3/29 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Apih, numutkeun buku Santos, sadaya bangsa sareng kabudayaanana eta asalna
> ti benua atlantis anu leungit. Sedengkeun ari atlantis ayana - ceuk Santos
> keneh - eta di Sundaland, nyaeta wewengkon antara Sumatera - Jawa -
> Kalimantan. Baheula mah eta wewengkon teh daratan anu subur makmur loh
> jinawi, ngan, kusabab Gunung Krakatau bitu kl 10.000 taun katukang, anu
> bituna teh ngabalukarkeun bumi jadi terus oyag (aktivitas tektonik) jeung
> manaskeun es di kutub (perubahan iklim) nepi ka jadi banjir (cai laut naek)
> oge "bendungan" di selat Sunda jebol, eta daratan teh kakeueum cai. Laju
> pendudukna paburisat ngungsi sabisa-bisa ka sakabeh penjuru dunya.
> Wallohu'alam, enya puguh asa rahul eta "dongeng" teh, tapi, sahenteuna, aya
> dua ahli kaliber doktor anu boga kayakinan siga kitu, tur duanana aktif
> nulis buku (anu hiji mah, Santos, ayeuna parantos alm).
>
> Keur naon atuh nya pih urang teh sok hayang wae terang saha leuwih kolot ti
> saha? Saur salah saurang inohong ti Disbudpar: keur kareueus urang Sunda yen
> tetela sumber bangsa2 jeung kabudayaanana taya lian ti wewengkon Sunda. Keur
> nambahan kereueus kana luas wilayah nagara anu kaasup panggedena sadunya,
> panjang basisir pangpanjangna sadunya, alamna pangsuburna jeung
> pangbeungharna sadunya.
>
> Tapi, keur naon eta kereueus? di Korea Selatan anu lahanna teu subur teu
> sing, heureut pisan, sumber daya alam saeutik kacida, maranehanana tetep
> reueus. Teu kitu kumaha, upamana wae: pendapatan per kapita puluh kali lipet
> ti bangsa urang, anu nganggur kurang ti 4%, boga bandar udara anu 5 taun
> tutuluyan panghadena sadunya (boh dina bersihna, hejona, jeung pelayanana).
> Ieu bangsa oge boga fasilitas internet pangcepetna (bandwith-na panglebar)
> sadunya; kungsi jadi runner up juara maenbal sadunya, jst.
>
> Cag heula pih, jadi baluas...aeh...nalangsa.
>
> manar
>
>
>
> 2010/3/27 Siddik Wiradireja <[email protected]>
>
>
>>
>> Wallahu alam..mana nu leres..
>> numutkeun buku "Sajarah Nasional", kenging Nugroho Nitisusanto, karajaan
>> "Salaka Nagara" ngadeg taun 105 masehi.
>> numutkeun urang Korea, karajaan "Koguryo" ngadeg 500 tahun saacan Masehi.
>>
>> ssw
>> mama ManAr tadi tabuh 15.50 atanapi tabuh 13.50 wib tos hiber, ka lembur
>> pisumpingeunana ka Cengkareng kirang langkung tabuh 20.40 wib.
>> http://cikundul3.multiply.com
>> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
>> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>>
>>
>> *mh <[email protected]>*
>>
>>  Diantos dongeng Korea na.
>> Eh mana nu leuwih kolot, antar Korea jeung Sunda nya?
>>
>>
>>
>  
>



-- 
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan
I Bogor

Kirim email ke