euleuh geuing nuju di Kroya aeh Korea, sok ah diantosan dongengna.... kumaha 
kasiatna ginseng upami dibandingkeun sareng purwaceng.. ha.. ha.. ha.. 
  ----- Original Message ----- 
  From: [email protected] 
  To: [email protected] 
  Cc: urang sunda 
  Sent: Saturday, March 27, 2010 10:50 AM
  Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Salam ti Korea




  Ngiring reueus KO nu ngapung ka Korea atas nami pamarentah. Diantos 
seratanana.
  Powered by Telkomsel BlackBerry®


------------------------------------------------------------------------------

  From: oman abdurahman <[email protected]> 
  Date: Sat, 27 Mar 2010 10:42:07 +0900
  To: <[email protected]>
  Cc: urang sunda<[email protected]>
  Subject: [kisunda] Salam ti Korea


    

  Baraya,

  Kaparengkeun dina lalakon hirup teh si kuring bisa nyaba ka Korea sok sanajan 
ukur 4 poe kaasup di perjalanan. Nalika ieu email ditulis, si kuring masih di 
Korea, pasna di Kote Seoul, kl 5 jam kana piwaktueun hiber mulang deui ka 
Jakarta, Indonesia,

  Indit ka Korea teh minangkana mah anggota DelRI (Delegasi Republik Indonesia) 
dina pajemuhan IKEF (Indonesia - Korea Energy Forum) anu katilu anu 
dilaksanakeun di kota Seoul, Republik of Korea (RoK), tgl 25-26 Maret 2010. Sok 
sanajan jadi anggota leuwih loba ukur jadi "pengamat" da bubuhan disawang tina 
disiplin geologi mah naon anu keur disawalkeun antara DelRI jeung delegasi RoK 
teh kaasup bidang hilir, tapi kuring sabisa-bisa diajar patuh kana jadual 
pertemuan, alias teu luas-leos. Keur bidang geologi, relevansi jejer anu 
disawalakeun teh diantarana energi anu sumberna tina geotermal atawa panasbumi 
tea.

  Salila di Korea, alhamdulillah si kuring pependak sareng apih Siddik sareng 
kang Yaya. Malah apih mah dugi ka mapagkeun sagala ka airport Icheon, Korea 
(oge rencana bade ngajajapkeun dugi ka bandara deui). Ari kang Yaya mah, 
bubuhan anjeunna mah sibuk pisan ku ngawulang sareng kagiatan akademis sejenna, 
ukur tepung kamari peuting dina acara leueut sasarengan balakencrakan antara 
anggota DelRI sareng warga Indonesia di Seoul anu diayakeun ku Dubes Indonesia 
di Seoul, RoK.

  Sakitu heula dongeng nganjang ka nagara sejen. Sugan pareng ka hareup rek 
ngaguar sababaraha catetan pangalaman salila di Korea,

  salam,
  manar 








  

Kirim email ke