Ari eta Mang pajar seeng kuningan (?) atawa tambaga;cai anu ditaheur dina seeng tambaga, sok dianggo landong budak nu gering panas atnp sok dianggo panggero kanu ngumbara tebih kumaha tah dongengna? Duka abdi diwadulan panginten;tp da jaman breto tea, tos teu tiasa dikonfirmasi, tos teu araya sepuh,teu aya dulur;tinggal memelihara kenangan weee ayeuna mah
Terkirim dari telepon Nokia saya -----Pesan Asli----- Dari: mj Terkirim: 29-03-2010 16.23.03 Subjek: RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng Wah, duka tah tiwul mah teu terang. Sakaemut mah enya kitu, dina hawu aya ruhay forever. Hehe Nuju milari info tukang ngadamel seeng dimana nya. Ari barangna mah aya keneh di pasar tradisional. Teu acan sempet ka dinya ge. Di baduy kanekes, seeng masih diangge, oge di desa-desa pasisian. Bade maluruh ka tukang atawa pabrik seeng, ningali proses ngadamelna, sukur mun aya nu apaleun naha rupana kitu heuheu, sabab urang baduy, nu masih marake parabot nyangu seeng aseupan, teu apaleun dongengna. Heuheu. -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of [email protected] Sent: Monday, March 29, 2010 4:07 PM To: [email protected] Subject: BLS: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh naon,MJ?Lebet kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula indung-indung mirun seuneu nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp korek api? PBiasana memang seuneu tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi, dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu kitu teh di Pinrang,SulSel,lembur mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami ka ditu teh, janari mirun seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna teh. Tur 'bentang' alam Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, Bojong Picung&Ciranjang-Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. Nya, kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan indah'.... Terkirim dari telepon Nokia saya

