Kang, panginten sebatan "seeng" teh mun ditingal ti gelarna pakeman basa Sunda 
mah, panginten ngaran barang atawa sesebutan anu unina sarua ( meh sarua ) 
jeung sora anu disebutna, seeng disamikeun sareng sora cai asak nu ngagolak.
Conto sanesna :
Bareto sok aya Cina ngiderkeun dagangan ka pilemburan, nawarkeunana sok make 
parkakas anu sorana : kolontong, kolontong. Eta Cina nelah tukang kolontong, 
parabotna tea disebut kolontongan.Ti harita barang dagangan bangsaning nu 
dijual ku Cina bangsa kitu disebutna barang kolontongan. Toko anu sok ngajual 
barangkolontongan disebut toko kolontong.
Sato anu disadana cak-cak-cak disebut cakcak
Sato anu disadana cet-cet-cet disebut bancet. 
Ieu mah heureuy.
Sajarah kunaon urang Jawa sok katelah "Jawa Koek", caritana urang Jawa ditanya 
asalna ti mana, dijawab ku manehna ti Jawa, kabeneran harita aya hayam 
katincak, hayam disada koweek. Tah ti harita urang Jawa nelah jadi Jawa Koek. 
Aya2 wae.

gagak hideung  



________________________________
Dari: mj <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sen, 29 Maret, 2010 16:56:07
Judul: RE: RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng

  


Nu tos kapendak mah tina tembaga, tina seng atawa alumunium. Duka tah tina
kuningan mah teu acan terang. Ari soal cari tina seeng mah sigana sabab
caina asak.

Perkara cai inumeun ge, pernah jadi masalah di dalam hidupku inih. Haha. di
lembur mah, cai sumur biasa, diasakan, nya baheula mah dina seeng tea, sesa
nyangu. Basa nganjrek di antapani, kitu, cai ledeng we, diasakan dina teko
nu sok disada tea ari cai ngagolak. kaayeunakeun mah, nginum teh cai atah
aqua tina dispenser. Sabenerna teu pati rido nginum cai atah teh, da
kabiasaan cai asak tina teko pake enteh nu asalna tina seeng tea.

Perkawis ngagero dina seeng bisa jadi semacam sms ayeuna. haha

-----Original Message-----
From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto:urangsu...@yahoogro ups.com] On
Behalf Of eli_jamilah@ yahoo.com
Sent: Monday, March 29, 2010 4:38 PM
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: BLS: RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng

Ari eta Mang pajar seeng kuningan (?) atawa tambaga;cai anu ditaheur dina
seeng tambaga, sok dianggo landong budak nu gering panas atnp sok dianggo
panggero kanu ngumbara tebih kumaha tah dongengna? Duka abdi diwadulan
panginten;tp da jaman breto tea, tos teu tiasa dikonfirmasi, tos teu araya
sepuh,teu aya dulur;tinggal memelihara kenangan weee ayeuna mah

Terkirim dari telepon Nokia saya
-----Pesan Asli-----
Dari: mj
Terkirim: 29-03-2010 16.23.03
Subjek: RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng





      &quot;Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com&quot;

Kirim email ke