Meureun cara telepathy tea eta teh. hubungan batin. Da baheula mah meureun 
leuwih
sensitif ti batan jaman kiwari.

--- On Mon, 3/29/10, [email protected] <[email protected]> wrote:

From: [email protected] <[email protected]>
Subject: BLS: RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng
To: "[email protected]" <[email protected]>
Date: Monday, March 29, 2010, 9:37 AM







 



  


    
      
      
      Ari eta Mang pajar seeng kuningan (?) atawa tambaga;cai anu ditaheur dina 
seeng tambaga, sok dianggo landong budak nu gering panas atnp sok dianggo 
panggero kanu ngumbara tebih kumaha tah dongengna? Duka abdi diwadulan 
panginten;tp da jaman breto tea, tos teu tiasa dikonfirmasi, tos teu araya 
sepuh,teu aya dulur;tinggal memelihara kenangan weee ayeuna mah



Terkirim dari telepon Nokia saya

-----Pesan Asli-----

Dari: mj

Terkirim:  29-03-2010 16.23.03

Subjek:  RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng



Wah, duka tah tiwul mah teu terang. Sakaemut mah enya kitu, dina hawu aya

ruhay forever. Hehe



Nuju milari info tukang ngadamel seeng dimana nya. Ari barangna mah aya

keneh di pasar tradisional. Teu acan sempet ka dinya ge. Di baduy kanekes,

seeng masih diangge, oge di desa-desa pasisian. Bade maluruh ka tukang atawa

pabrik seeng, ningali proses ngadamelna, sukur mun aya nu apaleun naha

rupana kitu heuheu, sabab urang baduy, nu masih marake parabot nyangu seeng

aseupan, teu apaleun dongengna. Heuheu.



-----Original Message-----

From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto:urangsu...@yahoogro ups.com] On

Behalf Of eli_jamilah@ yahoo.com

Sent: Monday, March 29, 2010 4:07 PM

To: urangsu...@yahoogro ups.com

Subject: BLS: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng



kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok

melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api

sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh

naon,MJ?Lebet kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula

indung-indung mirun seuneu nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp

korek api? PBiasana memang seuneu tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi,

dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui

nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu kitu teh di Pinrang,SulSel, lembur

mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami ka ditu teh, janari mirun

seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna teh. Tur 'bentang' alam

Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, Bojong

Picung&Ciranjang- Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. Nya,

kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan

indah'....



Terkirim dari telepon Nokia saya





    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke