wah berarti nyana kitu mah urang ciamis boga dongeng oge nya. Hahahh...


2010/4/6 dudi s.suradiredja <[email protected]>

>
>
>
>  enya mani waas eung, maca eta dongeng jeung bukuna... baheula siuing sok
> macaan buku heubeul diantarana aya dongeng eta jeung dongeng "lini" anu
> nerangkeun yen dunya teah ayana dina tungtung tanduk sapi jeung eta sapi
> anjecle tangtung dina tonggong paus.
>
> Kanggo JangDede manawi kitu eta teh dong rakyat tea meureun, ari saur Kang
> Oman mah eta teh dongeng Urang Ciamis jeung Urang Sumedang.
>
> wassalam
> dudi_ss
>
>  ------------------------------
> *From:* jangdede <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Tuesday, April 6, 2010 13:06:40
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Geber-geber hihid aing
>
>
>
> Dongeng Hihid eta teh sok di caritakeun ku nini kuring basa keur leutik.
> Tah terus didongengkeun deui ku bapa uing. Jigana eta dongeng geus aya sa
> abadna meureun nya? Hahahahh.........
>
> 2010/4/6, MSasmita <[email protected]>:
>>
>>
>>
>> 
>> Dina buku Roesdi Jeung Misnem jilid 3, aya dongeng, judulna teh Dongeng
>> Ema, nyaritakeun budak pahatu lalis adi lanceuk, lanceukna lalaki, adina
>> awewe. Basa lanceukna keur ngala bubuahan keur dahareun duaan, adina
>> ngadagoan di handap nepi ka dicapluk oray. Lanceukna kacida reuwaseunana,
>> terus ngadenge aya manuk haur disada cukrih, cukrih diturih ku pucuk
>> eurih. gancang lanceukna ngala pucuk eurih dipake ngabedel beuteung oray.
>> Gorehel adina geus ngababatang. Adina digolerkeun bari digeberan ku hihid
>> bari ngawih.
>> "Geber-geber hihid aing
>> hihid aing kabuyutan
>> titinggal nini awaking"
>> Kerenyed suku adina teh usik, pok deui dikawihan, kerenyed awakna oyag,
>> kitu jeung kitu we nepi ka budak awewe teh hirup deui.
>>
>> Tah tina kasang tukang ieu dongeng dina Cupumanik aya rubrik "Geber-geber
>> hihid aing", eusina mah tulisan nu rada-rada satir, keur ngahirupkeun
>> "rasa". Memper artikel karya Sarif Amin suwargi (Keur Kuring di Bandung)
>> atawa siga tulisan Mahbub Junaidi suwargi (Humor Jurnalistik), tangtu we
>> dipakaitkeun jeung jaman kiwari. Dina Cupumanik bulan April 2010, aya
>> artikel ngeunaan Mang Atep kusir delman, imahna di Cieunteung Bandung kidul,
>> usum ngijih kamari imahna kakelem ku caah ti Citarum. Atuh kapaksa Mang Atep
>> ngungsi, sanajan kacaahan Mang Atep sakulawarga teu hariwang teuing ku
>> dahareun da sok aya nu nyumbang beas jeung mih instan boh ti pamarentah boh
>> ti masarakat umum. Nu dipikran ku Mang Atep teh kudana, sedengkeun kuda teh
>> keur Mang Atep mah sasat panumbu umur, sareatna ku jasa kudana bisa nyiar
>> kipayah keur waragad sapopoe. Neangan kahakanan kuda mangsa keur caah upluk
>> aplak pasti kacida hesena. Da euweuh nu mere sumbangan huut jeung jukut, boa
>> gubernur atawa bupati ge moal ingeteun ari kudu nyumbang huut jeung jukut
>> mah.
>>
>> MSas
>>
>>
>>
>>
>
>
>  
>

Kirim email ke