Ngiring jabung tumalapung yeuh. Minangka embohna we ieu mah, tina katerangan 
Mang Jamal. Sajabi ti ngadadarkeun pangalaman boh lalampahan boh panineungan 
dina wangun deskripsi, pamugi dieyeuban ku sarupaning refleksi atanapi surahan 
kana naon-naon nu kantos kaalaman tea. Ieu teh supados ajen signifikansi 
seratan teh langkung munel. Manawi tiasa mah sakur seratan nu winangun 
pangalaman atanapi panineungan kanggo Cupumanik teh diiker-iker heula harti nu 
langkung jembarna nu tiasa kapetik, kaalap mangpaatna ku urang Sunda umumna. 
Enas-enasna mah supados kageuing kasadar urang Sunda kana dirina katut posisi 
dirina di tengah-tengah masarakat Sunda, Indonesia, sareng di tingkat global.

Hatur nuhun,
Atep





________________________________
From: mj <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, April 8, 2010 4:14:32 PM
Subject: RE: rubrik di Cupumanik RE: [Urang Sunda] Cupumanik majalah basa Sunda 
ngantosan artikel ti  balarea.

  

Sanes tempat wisata wungkul, tapi tempat dimana bae. Oge teu kedah di jabar
banten wungkul. Maksimal seratan 5500 hurup. Edisi Maret kamari aya seratan
kapahung ku salju, lalakon hese balik ti brussel belgia ke leiden walanda
alatan aya badey salju tea. Heuheu.

-----Original Message-----
From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto:urangsu...@yahoogro ups.com] On
Behalf Of DaTrueGurlChild
Sent: Thursday, April 08, 2010 3:04 PM
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: Re: rubrik di Cupumanik RE: [Urang Sunda] Cupumanik majalah basa
Sunda ngantosan artikel ti balarea.

punten bade tumaros. dupi tempat wisatana bebas atanapi kedah di Jabar
wungkul? hoyong ngiringin nulis, sakanteunan ngalancarkeun basa sunda:)

nuhun
_ren


 


      

Kirim email ke