> jalakpak...@... wrote: > Pih naha regent Manonjaya? Sami atanapi benten sareng regent > Sukapura?
Ngiringan ah. Kuring oge sok rada bingung upami maca Sajarah Tasik/ Sukapura teh sabab sok pabaliut antara Sukapura, Manonjaya jeung Mangunreja. Sigana mah kupungkur dibagi dua distrik/ tilu distrik kitu? Dina Memoar Martanagara, samameh Martanagara diangkat jadi Bupati Bandung, anjeunna jadi Patih Mangunreja, ngangentos Raden Sadeli (= Pangeran Suria Atmaja) nu dianggkat jadi Bupati Sumedang. Kulantaran aya istilah Patih, ieu hartosna Mangunreja teh kabupaten (Distrik). Tapi aya deui istilah regent/ Bupati Manonjaya nu hartosna Manojaya oge Kabupaten atawa ibu kota Kabupaten. Hartosna siga aya 2 Kabupten???. Anehna neangan info lalayaran di Google, teu aya artikel nu jelas .... Sok ah kanu apal sajarah Tasik/ Sukapura diguar, ngarah rame deui Kusnet teh .... Baktos, WALUYA

