Regent Sukapura kawitna di mangunreja teras 2x ngalih ka sukaraja teras ka manonjaya. Dugi ka awal 90an mah mung aya hiji sebatan Sukapura. Alesan ngalih ti mangunreja ka sukaraja alesan geografi, meuntas ciwulan & cimawati (e) supaya aman ti palidna lahar galunggung. Ari ngalih ka manonjaya mah teu acan terang/taya nu ngawartosan. Ngalih ka tasik ayeuna ti manonjaya ku jalan mapak bukit2 (keusik ngalayah) estu visi Bupati RAT Wiratanuningrat kangge perkembangan kota, kamajuan penduduk. Akhir 90an "saolah2" aya perpecahan teureuh sukapura, kapungkur mung aya hiji Kempelan Wargi Sukapura (KWS) janten aya sababaraha kempelan. Pemecahan tasik jadi kodya sareng kabupaten neuaskeun kelompok/kubu Ciawi, Mangunreja, Singaparna, Sukaraja, Karangnunggal (Pamijahan) sarta Manonjaya. Akhir2 ieu KWS nu basisna sukapura Manonjaya langkung "vokal" dugi aya istilah Bupati/Regent Manonjaya. Tapi ieu janten patarosan sim kuring, boa2 saprak ngalih ka manonjaya dijadikeun merek Regent Manonjaya. Rada aneh margi RAT Wiratanuningrat masih Dalem Sukapura sanes Dalem Manonjaya. Mungkin wargi sanes aya nu gaduh informasi sejen. Baktos, JP Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: "Waluya" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 12 Jun 2010 12:49:19 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Para "Pangawasa" di Priangan > jalakpak...@... wrote: > Pih naha regent Manonjaya? Sami atanapi benten sareng regent > Sukapura? Ngiringan ah. Kuring oge sok rada bingung upami maca Sajarah Tasik/ Sukapura teh sabab sok pabaliut antara Sukapura, Manonjaya jeung Mangunreja. Sigana mah kupungkur dibagi dua distrik/ tilu distrik kitu? Dina Memoar Martanagara, samameh Martanagara diangkat jadi Bupati Bandung, anjeunna jadi Patih Mangunreja, ngangentos Raden Sadeli (= Pangeran Suria Atmaja) nu dianggkat jadi Bupati Sumedang. Kulantaran aya istilah Patih, ieu hartosna Mangunreja teh kabupaten (Distrik). Tapi aya deui istilah regent/ Bupati Manonjaya nu hartosna Manojaya oge Kabupaten atawa ibu kota Kabupaten. Hartosna siga aya 2 Kabupten???. Anehna neangan info lalayaran di Google, teu aya artikel nu jelas .... Sok ah kanu apal sajarah Tasik/ Sukapura diguar, ngarah rame deui Kusnet teh .... Baktos, WALUYA

