Heuheuheu...sami abdi oge sok bingung, ku seueurna nami/gelar hiji tokoh, ku 
nami-nami tempat utamina kabupaten, anu kiwari mung ukur janten kota kacamatan.
Hanjakal di ieu milis teu acan aya ahli sajarah anu tiasa ngajentrekeunnana, 
atanapi masih nyumput kitu ..?
Mung ieu mah tambi "gado ngaburayot" we, urang kinten-kinten.
Perkawis Regent Manonjaya, tiasa janten kalungguhanana mah Regent Sukapura, 
namung kumargi anjeuna linggih di Manonjaya, janten katelahna Regent Manonjaya.
Nyandak conto di rengrengan para bupati Cianjur, aya anu katelah Dalem 
Pamoyanan, 
Dalem Kaum sareng sajabina kumargi aranjeuna katelah ku tempat palinggihan.
Perkawis istilah Patih, eta kalungguhan wawakil bupati, upami ayeuna mah SEKDA 
kitu..?
 
Mangga ahhh..ahli sajarah kaparayun...ulah nyumput wae.....
ulah diantep ieu wargi-wargi milis atog-atogan.....heuheuheu..

ssw
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa 
dibikeun ka kiSunda

Waluya <[email protected]>

Ngiringan ah. Kuring oge sok rada bingung upami maca  Sajarah Tasik/ Sukapura 
teh sabab sok pabaliut antara Sukapura, Manonjaya jeung Mangunreja. Sigana mah 
kupungkur dibagi dua distrik/ tilu distrik kitu? Dina Memoar Martanagara, 
samameh Martanagara diangkat jadi Bupati Bandung, anjeunna jadi Patih 
Mangunreja, ngangentos Raden Sadeli (= Pangeran Suria Atmaja) nu dianggkat jadi 
Bupati Sumedang. Kulantaran aya istilah Patih, ieu hartosna Mangunreja teh 
kabupaten (Distrik). Tapi aya deui istilah regent/ Bupati Manonjaya nu hartosna 
Manojaya oge Kabupaten atawa ibu kota Kabupaten. Hartosna siga aya 2 
Kabupten???. Anehna neangan info lalayaran di Google, teu aya artikel nu jelas 
....



Sok ah kanu apal sajarah Tasik/ Sukapura diguar, ngarah rame deui Kusnet teh 
....



Baktos,

WALUYA

 



  




      

Kirim email ke