Salah salima alesan ayana kampung baduy luar (kampung panamping jeung dangka), nya kusabab aya urang baduy jero nu ngalanggar adat, nepi ka ditamping, di usir ti kawasan tilu kampung baduy jero. Tapi aya oge cenah nu kaluar ti baduy jero (cibeo, cikertawana jeung cikeusik) alatan kahayang sorangan, kadang cenah aya nu ku alesan teu sapira, cara hayang ngasaan naek mobil. Haha. da apan urang baduy jero mah teu meunang naek kandaraan. Cenah kampung dangka ayeuna geus ngurangan da baralik ka kampung panamping (ari ka baduy jero mah teu bisa). Urang dangka mah cenah geus teu beda jeung urang.
Nu kungsi pindah pisan ti adat baduy aya cenah saurang, asup islam, haji. He love deui ngarana. Nu jelas si manehna urang baduy eta cenah kungsi jadi anggota dewan jaman hms, salaku wakil ti golongan komunitas adat. Teu balik deui cenah. Di buku Sursa, Baduy, aya kacaritakeun nu kabur ti baduy jero, tapi ku sabab turunan puun, nya ditareangan da pikeun ngaganti bapana jaga. Haha. Dina widang desain, aya gerakan anti kemapanan Modernisme, nu terus ngalahirkeun Post-modernisme tea. Nu asalna haram ornamen dekorasi, jadi kaci deui. Kitu deui dina elmuning filasafat jeung kabudayaan. Strukturalisme tea dibere lawan nu disebut post-strukturalisme, jrrd. _____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Kumincir Wikidisastra Sent: Friday, June 11, 2010 3:57 PM To: [email protected] Subject: Re: mapan-anti mapan urut RE: [urang sunda] Tuluangan..... ari ceuk abdi mah urang kanekes oge geus mapan dina konteksna sorangan. lamun aya urang kanekes anu baruntak ti adat-adatan lemburna, tah eta anu anti kemapanan... :P sikandar kumincir.blogspot.com

