Ampir pasti eta anu boga Balckberry tea..moal ngarasa tekor...anu aya
mah bungah wae...dimana-mana eta BB na dipijet bari dipelong..asup
kadunia nyohor..poho waktu..poho prioritas..anu penting hate
genah...ngarasa dianggap ku batur..asup kana group BB..chatting jeung
chatting ngomongkeun anu kosong..topik anyar anu keur ngetop Luna Maya
/Ariel/Cut Tari...walah hampang hirup bari tekor...

sami sareng anu dicarioskeun ku MJ..garasi heureut mobil ngalayah
kaluar..tah priotitas panginten anu benten...panampilan heula...imah
..ah gampil jang mondok wungkul..mun perlu sare dina mobil........

On 6/11/10, roro rohmah <[email protected]> wrote:
> Ngiringan ah…
>
>
>
> Euleuh…euleuh… etah MJ, mani dibolekerkeun kitu rusiah dapur teh? Abdi
> gajih 10 koma ge teu agul, tara dibeja-beja… Uhun, tanggal 10 tos koma
> hihii…
>
>
>
> Mun seug rahayat Endonesya jiga MJ, meureun moal mahabu korupsi teh…
> cuek beybeh kana rejeki batur, tumarima kana rejeki sorangan, da
> percaya rejeki tos dipincukan (lotek meureun nya?heheh…) tidituna.
> Dipikir-pikir, sirikan komo ditambahan ku panasbaran teh bibit buitna
> korupsi. Sok geura emutan… batur beunghar, kumaha carana hayang jiga
> batur? Padahal teu kabedag ku urang? Ambeh tereh, nya korupsi…
>
>
>
> Cep Irpan, asa teu ngeunaheun “Sim abdi teu gaduh BlackBerry”, sopan
> teuing kalahka jiga nu ngalelewe. Jeung etah teu ngagambarkeun pribadi
> nCep nu sabenerna. Cing tambahan (ungkapan pelembut, ceuk dina basa
> Endonesia tea mah) ku  “euy”… make eta kecap sok rada leuleuy
> & semu heureuy… “Aing teu gableg BlackBerry euy…”
>
> Atawa jiga can usum hp, baheula mah disebut barang mewah, ayeuna ampir
> unggal jelema boga hp. Kitu deui BB. Kumaha mun : “Aing can gableg
> Blackberry, rek mangmeulikeun?”  heheh...
>
>
>
> kitu manawi,
>
> ro2
>
>
>
> --- On Fri, 11/6/10, mj <[email protected]> wrote:
>
> From: mj <[email protected]>
> Subject: RE: [urang sunda] Tuluangan.....
> To: [email protected]
> Date: Friday, 11 June, 2010, 10:24 AM
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Hareupeun imah anak mitoha di blackwater,  aya
> imah dokter ahli tulang, Asgar. Mobilna loba,  nu marahal. BMW, Pajero,
> jsb. Boga moge  Harley deuih. Garasina ngan mahi hiji, pikeun harley. Mobil
> diparkir di luar. Si kuring mah reueus we nu aya. Aya US beunghar. Sanajan
> sacara desain mah, geus beunghar kitu asa hade mun imahna pindah ka
> kavling nu leuwih gede, teu nu sarua jeung model imah si kuring. Hehe. Tapi
> meureun
> da betah di dinya.
>
>
>
>
>
> Sacara ekonomi, kelas menangah atau kaum
> gajih kelas menengah-bawah siga si kuring tipe ekonomi  tekor. Rek
> dimahi-mahikeun
> hese. Iuran sakola budak, transport angkot si kuring, bensin mobil indungna
> paranti
> nganteur budak sakola TK, cicilan KPR, resiko dapur, listrik, cai, jsb.
> model
> kieu teh ampir kabeh. Sarua di mana-mana oge di dunia inih teh (meureun
> ketang).  Harga jeung gajih teu saimbang. Sanajan gajih tilu-lima juta,
> harga barang marahal atawa harga duit murah. Jadi gajihan tanggal hiji,
> terus
> dipake babayar hutang pangabutuh (dasar) sapoe dua poe, beak.
>
> Mj
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> From: urangsu...@yahoogro ups.com
> [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On Behalf Of irpan rispandi
>
> Sent: Friday, June 11, 2010 10:07
> AM
>
> To: urangsu...@yahoogro ups.com
>
> Subject: Re: [urang sunda]
> Tuluangan... ..
>
>
>
>
>
>
>
> nganyatakeun ka prihatinan kuring kana karakter jalma indonesia anu
> 'biar tekor asal nyohor' he..he..he..
>
>
>
>
>
> Aing teu gableg BlackBerry
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>


------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke