Mun nganjang ka baduy, urang dinya siga nu kitu oge, anti kemapanan dunya modern di kota. Jauh pisan jarakna jeung urang sanajan dahar mah sarua sangu rice kezzo tea. Imah panggung tina bilik sarua kabeh kitu, pare nutu di saung lisung, mandi di walungan, teu make sabun sampo. lampu ku minyak kalapa/minyak tanah di kampung nu jauh di baduy jero. Baju ngan hideung atawa biro kolot, hiji dua baju kelir sejen. Nyangu ku suluh seeng aseupan wadahna baris atawa boboko. Hirup atawa pakasaban utama ngahuma jeung ngan eta wungkul. Tapi cara hirup maranehna kitu, mangrupa model kemapanan oge, mapan enggoning tuhu patuh ka ajaran karuhun. Lain mangrupa gerakan antikemapanan cara di kota da ti baheulana ge kitu. Sanajan aya urang baduy luar nu dagang, jeung make hp, tapi ngan eta wungkul. Masih balik ka lembur, hirup cara nu sejen.
Kadang-kadang sok mikiran kumaha pandangan atawa rarasaan yaman budak satepak nu sok milu mamangna, bapa samin (ngaran aslina acin) atawa jarip, nu sok milu bapana (pa pulung ciranji) ka kota (bdg, jkt) jualan baju baduy, madu, jeung karajinan khas baduy. Naha aya kahayang kaluar ti baduy, pindah hirup cara urang nu 'mapan di alam modern' di dayeuh. Ngan can wani nanya soal kitu mah, da lain eta panalungtikan nu keur dikeureuyeuh teh. Sababaraha kali survey ka baduy, bahan bahan tanyakeuneun sok kapopohokeun, da mental kaburu tikerelep di alam baduy, nu basajan jauh ti kahirupan alam modern kota siga urang. Cek teorina mah maranehna hirup/tapa di mandala nu suci (siga padepokan tempat rahib mun shaolin mah), ari urang di nagara-profan sekuler. Sok era parada nyanghareupan maranehna nu estuning jembar. Rumasa asa loba uruseun, pikiraneun boh soal pagawean, rumha tangga, sakola jeung sajabana. Hahaha. _____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Dudi Herlianto Sent: Friday, June 11, 2010 11:19 AM To: [email protected] Subject: Re: [urang sunda] Tuluangan..... nya samodel kitu lah... jiga gerakan sneaker mun teu salah, keur ngagulingkeun kamapanan nike. kumaha majalah-majalah gerakan radikal eta kampanye sangkan ulah make nike, tapi akhirna eta majalah eta malah jadi produsen sapatu gede :) gerakan hipies ge dibahas asana mah. nu ngahubungkeun kumaha vw beetle nu dipake simbol ku maranehna ngatranspormasi jadi mobil-mobil gede dobel gardan... 2010/6/11 irpan rispandi <[email protected]> Euleuh, kutan teh kitu nyah ? cikan, ide dasarna we heula bejaan kuring. kumaha tah hubungan anti kemapana jeung konsumerisme teh. naha siga kieu: pengusaha distro, nyieun kaos anu tulisanna radikal, sangkan payu. kitu lain? -- Sim abdi teu gaduh BlackBerry On 06/11/2010 10:40 AM, Dudi Herlianto wrote: kang irpan, cobaan geura baca buku 'radikal itu menjual' beunang joseph heath jeung andrew potter. nu ngajelaskeun justru gerakan-gerakan anti kamapanan teh rohna konsumerisme... hihihi 2010/6/11 irpan rispandi <[email protected]> ___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

